Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
104
 

Pupuh Pangkur

  1. Den patih kebat marentah, mantri-mantri kabeh kudu sayagi, domba munding sareng lembu, sadiakeun tatabeuhan, dikumpulkeun ti unggal kampung, ulah aya nu kaliwat kerid kabeh ka nagari.
  2. Gancangna kabeh sadia, wantu-wantu parentah kangjeng gusti, tatabeuhan geus ngaguruh, para istri pirang-pirang, geus arolah di dapur mani ngaguruh, anu ngurus piring prong-prang, cat cet anu mareuncit.
  3. Paseban geus dihiasan, putra-putri didangdosan geus sayagi, panganggo nu hurung mancur, gan putri jeung raden putra, geus caralik dina alketip nu hipu, geus kitu lajeng kaluar, nitihan kareta rukmi.
  4. Jegur mariem disada ditembalan tatabeuhan kabaeh muniger surak mani nangguruh, geleser maju kareta geus helaran nguriling di alun-alun, lalungsur putri jeung putra, lumebet ka masigit.
  5. Nu lalajo mani seah, sesek jejel nu katincak ting jalerit, kikis masigit teh runtuh, rebah katarincakan, hayang awas ka pangaten putra ratu, raden enggeus dirapalan, tunggang kareta marulih.
  6. Dongkap disawer di latar, sanggeus beres lajeng kalebet kabumi, lalinggih na ros bang mancur, panghulu lajeng ngado'a tamat doa hamin mariem ngajegur, tawis nikahkeun sampuma nu surak pating jalerit.
  7. Caturkeun dina wengina, tuluy pesta ramena liwat saking, menak-menak ngibing nayub, degung ronggeng kendang penca, reog angklung tanda badaya ngaguruh pangaten enggeus ka luar di ubeng ku para istri.