Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
103
 
  1. Disampeurkeun ku den putri, aya naon maneh upas, ki utusan nyembah walon, gan anom disaur enggal, di antos ku jeng rama, putri nyentak bari bendu, eukeur kulem Agan putra.
  2. Padahal Raden keur calik, kulem mah wungkul alesan, sono nuju geugeut otel, gan putri sungkan paturay, kocapkeun ki utusan, ka payuneun ratu cunduk, ku sang raja dipariksa.
  3. Mana Raden Raspati, utusan ngawalon nyembah, kulanun Raden kasondong, nuju kulem saur agan, kangjeog gusti ngandika, teang deui buru-buru, pek bejakeun didagoan.
  4. Utusan nepi ka puri, aya naon deui upas ki utusan teh ngawaloan, saur rama kedah enggal, kumargi penting pisan, gan putri ka Raden nyaur, engkang disaur ku ama.
  5. Lajeng lungsur Den Raspati, diiring ku upacara Raden nyacat angkat alon, harita dongkap ka latar dua raja ningal, kaget bari tuluy lungsur, moro ka Raden Lalana.
  6. Sidik rasa henteu pangling, yen eta geuning putrana, anu kapungkur ngalolos , barang gok amprok dipapag dirontok ku duaan.
  7. Sang Tunjungbang moro gasik, eh engke rayi heulaan, kakang ayeuna tumaros, na ieu teh putra saha, mana ditarangisan, rayi ka raka ngawangsul, ieu tunggal anak urang.
  8. Kapan anak Wulansari, adi urang ti Cempala, barang ka kuping dirontok, Ratu Tunjungbang nangisan, teu nyangka kaponakan, putra rayina nu bungsu, bungah amarwata suta.
  9. Dikewel Raden Raspati, ditangisan siciuman, ku sang ratu digalentor, tina bakating suka, sugan teh incu Boja, nu ngakukeun urang gunung, horeng wedalan nagara.
  10. Tetesing andanawarih, terah teureuhing kusumah, puputon kaparabon tulen, cacap panujuan tatan, da puguh wargi pisan, ka paseban geus ditungtun, calik teu kenging mungkuran.