Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102
 
  1. Bari nyaur semu ajrih, engkang teh naon margina , henteu nyarios, naha ka abdi teu suka, abdi mah jalmi hina, doip teu aya pamulu, panginten mendak gentosna.
  2. Den Lalana emut manis, harita nembe nganika, duh gamparan anu denok, kitu mah teu pisan-pisan, wangsulna pun engkang urang, gunung bau lisung, cacah rucah kuricakan.
  3. Keur hina teh tambih miskin, na naon araheunana, dipandang kasep teu kasep, da puguh kieu buktina, ka agan sanes babad, numawika engkang nanduk, agan moal carogean.
  4. Putri lali purwadaksi, midanget saur den putra, da puguh ge tos ngaraos, anjeuna nu kitu peta, ayeuna disindiran hanteu tatanya nyaluuh, duh engkang nu jembar manah.
  5. Ulah kirang pangaksami, najan kalepatan, abdi saaya rumaos, kapungkur nampik ka engkang, panginten bibi emban, anu sumaurna geruh, waktos nguninga ka ama.
  6. Mangga engkang geura galih, naha moal ngahampura, saur raden mangsa bodo, engkang lain nu kawasa, ayeuna amit mulang Agan putri megat nagtung, ngarontok ka Den Lalana.
  7. Den Lalana nyaur lirih, Agan ulah kieu peta, katingalna matak awon, kieu mah sanes layana, mun agan arogean, engkang ngagundal ti pungkur, pantes kangge panakawan.
  8. Agan putri wantun nyiwit, dicepeng lambey den putra, ulah kitu engkang anom, upami engkang garwaan, abdi purah ngisikan, purah nyangu tukang nutu, pami ngebak dikasayan.
  9. Hanteu panjang nu ditulis , tangtos kagambar ka reka, urang kantun anu otel, koncapkeun deui sang raja, geus tepi ka paseban, patepang jeung rayi ratu, Tanjungpuri Tanjungpura.
  10. Para rayina ngalahir, mana incu aki Boja, saur ratu di ditu keneh, coba saur heula Agan, pamanna can uninga, ki utusan lumpat rusuh, ka kaputran enggeus datang.