Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
101
 
  1. Parantos nganggona putri, bibi unyem hayu bawa, wadah seureuh mangka bade, itu surutu wadahan, geus lungsurti kaputren, panganggona mani mancur, ting gurilap inten mubyar.
  2. Selopna buludru gading, ditaretes mutiara, emas duket inten selong, langgeor putri nu angkat, lir widadari sawarga, pinareup ngabuah butun, raray lir bulan tumanggal.
  3. Damis lir kadu sapasi, ramo mecut rambut panjang, halisna ngajeler paeh, panangan medang gondewa, taktak taraju emas, rarengkuh alus panyipuh, kawantu putri pujaan.
  4. Dongkap ka payuneun gusti, ku ramana digupayan, cong nyembah harempoy mando, ramana lajeng ngandika, ku naon lila pisan, tab ieu aya tatamu, cing aku kadinya geuwat.
  5. Arna mah jeung paman patih, ayeuna rek ka paseban, patih ngiring raja mios, mung kantun Raden duaan, saur putri sumangga, bade nyesep kaula nun, atanapi tab ngalemar.
  6. Den Lalana jongjon linggih, teu ngaleret-leret acan, gan putri deui nyarios, na kunaon atuh engkang, teu kersa sasauran, naha ka abdi teh bendu, na naon atuh kawitna.
  7. Kapan nembe oge sumpig, patepang nembe ayeuna ku naon henteu nyarios, engkang teh hoyong kumaha, tong sok ngadodol gula, lalikeun manah nu bendu, kaniaya tega pisan.
  8. Tuleus lain suweg lain, jadina di tengah tegal, mung kantun lalesu hate, gantar malang disusukan, teunangan raraosan, sireum tanauh mapay padung, gan putri mung bati nahnay.
  9. Ku Raden teu diperduli, nu sakitu diconggahan, nu capetang teu diwalon, siga anu henteu palay, padahal manah ngerab, ieu itu sami giung, da puguh oge aduna.
  10. Den Lalana teu ngalahir, maledog ku juru soca, ngahembat ku emut kempot, manah gan putri lumenyap, dileret diimutan, dag dig dug lebeting kalbu, ka Raden lajeng nyaketan.