Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100
 
  1. Mun teu isin mah nyiwit, sok inget jaman si jenat, alah ampun daek gelo, mo poho nepi ka jaga, gan putra teras beunta, lilir bari teru diuk, tuluy bae emban teh nanya.
  2. Moal beda siga si aki anak merak kukuncungan, aki goreng incu goreng, kasep turunan ti mana, ceuk emban wantun sumpah, sareng Agan ge kula nun, asa sae tamu tea.
  3. Putra ngadeg rada pusing, cing hayu jeung kami emban, lamun salah engke maneh ku kami dipodaran, walon emban sumangga, putri angkat rambut kusut, barang dongkap kana lawang.
  4. Noong tina lawang sosi, kabeneran teh kasemah, ngagebeg moho nu melong, geus kitu tutuy ka emban, ngangajak bae ngejat, hayu embat buru-buru, kami teh anteur ka jamban.
  5. Kami rek mandi diangir, mani hareudang bayeungyang ka jamban parantos anjog, lajeng bae putri ngebak, dikusukan ku emban, diluru ku sabun erum, emban unyem seuseurian.
  6. Euteuh itu katumbiri, keur hatodo nangtang hujan, geus careudeum iuh poek, ayeuna bet ngadak-ngadak, sasari mah da tara, walon putri naon atuh, moat enya arek hujan.
  7. Emban unyem ngomong deui, abdi mah hanjakat pisan, Agan nampik kanu kasep, nya eta incu Boja, rama teh ngagentosan, nikah putra tumenggung, henteu cios ka Agan mah.
  8. Putri hareneg panggalih, bibi emban naha enya, semah kawin kanu sejen, lamun enya kami sumpah, moal rek carogean, tamunlain ka tatamu, nu ditoong tina tawan.
  9. Putri ti jamban geus mulih, emban ngiring gogonjakan, dongkap ka bumi seug nganggo, panganggo nu sarwa endah, bibi emban kumaha, naha pantes matak tucu, kasemah moal dicawad.