Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
99
 
  1. Geura saur Agan putri, kudu ka dieu ayeuna, buru-buru heg diantosan, emban lumpat gagancangan, ka kaputren geus datang, Agan teh enggal disaur, diantosan ku kanjeng rama.
  2. Gan putri henteu ngalahir, angur nangis jeung sasambat meubeutkeun anjeun ka enggon, nangisna kanyenyerian, aduh harianeun ama, bet dipaksa anu embung, siga teu nyaah ka anak.
  3. Na teu aya kangge ganti, ulah orang pasisian, incu aki nu kok0ro, Agan enggal saur emban, ku gusti diantosan, Agan putri nyentak nyaur, naha maneh bet ngeukeuhan.
  4. Moal rek boga salaki, hayoh bejakeunka ama, emban teh tuluy ngaleos, ngadeuheus deui ka raja, sang ratu seug ngandika, mana emban putri tea, emban nyembah ngawalonan.
  5. Kaula nun kangjeng gusti, mugi ulah bendu manah, teu kersaeun gan putri teh, saurna mo carogean, saur ratu nanya, teang deui buru-buru, ku maneh kudu kabawa.
  6. Lamun teu daek dipeuncit, bejakeun ku maneh emban, emban ka Raden ngaleret, olohok kaget kacida, ieu teh incu Boja, kasepna kaliwat langkung, hanjakal putri ogoan.
  7. Kitu emban jero pikir, ngupat ka dununganana, ti payun gusti mios, datang ka pangkuleman, gan putri teh kasampak, keur nangis socana cindul, huh heh hob emban nyembah.
  8. Agan ulah renggat galih disaur deui ku rama, ayeuna ge ngantos keneh, majah aya incu Boja, alah Agan ku gandang, kasep cahayana ngagebur, bibi oge silo ningal.
  9. Milari salebet nagri, moal mendakan tandingna, bibi sakitu geus kolot, nu kitu mah nembe mendak, bibi mah alah tobat, aduh biung matak giung, lucuna kabina-bina.