Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98
 
  1. Ratu sepuh teu ngalahir, hareneg lebeting manah, kaget ningal anu kasep, dewa turun ka dunya, cahyana mani mubyar, na aya satria lucu, na ieu teh atuh saha
  2. Raden patih hatur tadim, nyembah payuneun sang raja, galindeng ka patih naros, mana ari incu Boja, nu ku patih dipapag, raden patih nyembah matur, sumuhun dawuh timbalan.
  3. leu payuneun jeng gusti, sang ratu bingah manahna, Raden Lalana dirontok, nyaur bari diusapan, duh Agan putra saha, hampura teu diaku, panyana teh sanes Agan.
  4. Kawit sedih jadi seuri, asal duka timbul suka, ngaaremplong mung kantun bengong, malah mah hoyong katangar kunu ningal harita, yen boga minantu lucu, nu kasep teh diusapan.
  5. Lajeng dikaleng ku gusti, dicandak ka padaleman, enggeus dongkap ka kaputren, diiringkeun ku Den Patya, tiluan geus lalenggah, sang ratu lajeng ngadawuh, Raden teh kudu balaka.
  6. Ti mana kawit bumi, sareng saha ibu rama, saha jenengan nu tulen, nagari ancik-ancikan, banjar karang pamidangan, dayeuh maneuh Iembur matuh, hayang terang sayaktosna.
  7. Den Lalana nyaur manis, sayaktosna henteu lepat, saemut nya dipikolot, di pun bapa aki Boja, mugi gusti uninga, abdi teh ti lelembut, ti bubudak tukang manday.
  8. Ngahuleng manah Narpati, midanget saur Den Putra, anu ngangken somah tulen, namung tetep teu percaya, sanajan ngangken cacah, margi benten nu pamulu, terah teureuhing kusumah.
  9. Ngabohong sarebu kali, carek wiwilanganana, ku ratu mah geus kahartos, emutan sanajan somah, nyaah moal kapalang, enggal miwarang sang ratu, he emban maneh teh geuwat.