Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
97
 
  1. Margi kagok keur nongton sok calukan karenyeng, teu keur pek ningal nu kasep mani ngalenggereng, eek sawareh tada teuing kangeng raja teh, tilas sesah ayeuna mah tangtos bingah kumantu teh.
  2. Nu narongton sami melong, sadayana ting taroel, hanteu bosen neuteup anu kasep janten kapelet, cahaya mubyar ngagebur matak surem sarengenge, kadeseh nyerng ting kariceup euleugeug nu apet.

Pupuh Asmarandana

  1. Nu tunggang kareta rukmi, Raden jeung Rahaden Patya, di jalan pada ngarogrog, ka hulu dayeuh geus darongkap, pangiringna sesah surak, geus anjog ka alun-alun den patih liren sakedap.
  2. Miwarang sahiji mantri, ngunjukeun parantos dongkap, di alun-alun diantos, bilih ratu kersa mapag, mantri leumpangna gancang, ka datun enggeus cunduk, Ratu Tunjungbang mariksa.
  3. Aya naon maneh mantri, mantri nyembah ngawalongan, pamugi janten parios, putu Boja parantos dongkap, bok bilih bade mapag, ngantosan di alun-alun, Tunjungbang lajeng ngandika.
  4. Ku nu dua rayi jeung patih, Tanjungpuri Tanjungpura, sumangga urang marios, rayi-rayi ngawalonan eta teh tenggelan raka, rayi mah di dieu nunggu, mangga sae bae mapag.
  5. Ratu Tunjungbang lajeng indit, ka alun-alun nyalira, manahna rada hawatos, bade mantuan teu layak, sasatna ka rayat hina, urang kampung bae linglung, ka alun-alun geus dongkap.
  6. Ku den patih katingali, tuh Agan rarnana dongkap, Raden Lalana seug moro, lajeng ngarawu sampean, raja kaget manahna, melong ka Raden Sunu, den patih mere isarah.