Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
96
 

Pupuh Balakbak

  1. Nu rek moyok calangap teu tuluy ngomong sakabeh, euleuh-euleuh kutan lucu bet eta teh ku mones, duh paingan bisa meunagnkeun cisoca nu kasep, sami jeung mapling jalmi sisi jalna rarepeh.
  2. Ting areuleuh ting araduhjalmi karaget, randa lanjang pada hayang adayana kapelet hanteu nyana incu Boja kutan lucu beg koneng, komo deui istri tukang ngoles naronggeng.
  3. Garo singsat kurang-kureng, arolohok jeung getek, imut nyaur naha hanteu palay, pingping nu koneng, eek batur na lamun salaki kami ari sore, moal meunang ka mana lebar teuing ku kasep.
  4. Kiihna ge kana conggang, kajeun teuing beg bae, resep temen pangantenan mun dikerem, tujuh poe, silih ciwit silih beulit matak poho pagegel, moal meunang ka mana pisan jauh ku dewek.
  5. Malah lebar di tenjo ku batur oge garetek, nu daragang henteu tolihna dagangan barahe, katarincak wawadahan nana ruksak saremplak, kajeun teuing dicarekan ku salaki ngajret.
  6. Budak leutik teu tolih careurikna ting darengek, nu ngarongton harita teh guyur ibur pahereng, nu kadempet nini-nini jeba-jebi merenyeng, anu suing seurina teh tembong huntu nye-rengeh.
  7. Paresea istri-istri marebutkeun nu kasep, aduh ujang cing calik ka ceuceu ke sore, ku ceuceu ge dosondong keun kahoyongna nu kasep, kasur bantal sadayana haraneut dipoe.
  8. Naha Agan henteu palay pingping ceuceu nu koneng, bet piraku mah henteu hoyong ka ceueu nu moher, para istri sapalih mah narapsu garetek, ka salaki ngambek, menta surat talak kekejret.