Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
95
 
  1. Mugi abdi diwidian, dangdan ku pangganggo doip, Den Lalana lajeng angkat, dibarung imut saeutik, lumenyap galih mantri, melong kanungajak imut, karaosna teu renangan, sangkilang pada lalaki, komo meureun ninggang ka istri mah.
  2. Pikir mantri hayang datang, hayang nyaho polah putri, tukang ngahina nu nista, ka ieu mah boa teuing, piraku mun teu nyiwit, lalaki ge kalangkabut, kocapkeun Den Lalana, ti kaar parantos bijil, langkung ginding panganggona matak serab.
  3. Kamejana sutra boda, kancingna ku inten rukrni, disinjang garingsing wayang, katinggalna aduh manis, udengna batik sisi, katingalna hurung mancur, enggalna barang tuang, sami ponyo mantri, naha ieu kadaharan ngeunah pisan.
  4. Saumur karek manggihan, mana ngeunah-ngenah teuing, kutan kitu masakan polah nini urang sisi, teu nyana liwat saking, Raden ka aki teh nyaur, aki mah kudu nungguan kula rek nyelang ka nagri, kira-kira geus lima poe Iilana.
  5. Kakara aki teh datang, nini kajero nagari, bari ieu buyung bawa, sanggakeun ka Agan Putri, sumangga jawaban aki, Den Lalana lajeng lungsur, diiring ku wajablaad, dina kareta geus calik, murub mubyar panganggo anu arendah.
  6. Manah raden patih suka, moal eta keur pangiring, calikna dina kareta, dikaleng ku raden patih, nya kitu tenda deui, harita dibuka terus, lantaran hayang katanggar, ngiring nu kasep raspati, sajajalan jalma-jalma, sami heran.
  7. Nu tadina rek moyokan, jeung batur paheut badami, tapi barang jol datangrnah, olohok teu bisa muni, pikirna lir kabadi, hanteu ngiceup-ngiceup manyun, kitu bae sajajalan geus dongkap ka jero nagri, jalma-jalma ngaberes jiga kasima.
  8. Ngaguruh sora kareta, tina tebih ge kakuping, nu lalajo ting rarenghap, hayang nyaho incu aki, rupana urang oyag, patih jeung Raden Raspati, lajeng ngadeg barakbak nu katingalan.