Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94
 
  1. Calik dina korsi emas, mantri aJak-ilik sadayana sami heran, naha mana alus teuing, sanajan Kangjeng Gusti, hanteu gaduh barang kitu, boa-boa lain jalma, aki teh meureun dedemit, sabab eta parabotna hanteu layak.
  2. Aki Boja ngadeuheusan,mangga tuang heula gusti,mung sakadar lumayan, beuang olah-olah nini, den patih nyaur gasik, ke heuJa dahar mah atuh, kula hayang heula terang, cing teang ku hayang panggih, ka nagara ayeuna arek dibawa.
  3. Walon akike antosan, moal lami oge sumping, kacatur Jayalalana, harita mulih ti cai, ngajingjing sikat gigi, bari ditiung ku anduk, wangsul mesek salira, di sinjangna batik manis, ting burinyay sorotna gamparan emas.
  4. Ngalenghoy mulih ti jamban, angkatna tea andalemi, lageday macan teunangan, sarta kalangkung ginding, di latar ka Den Putra, olohok sakabeh mantri, den patih ge henteu yasa sasauran.
  5. Pada ratug manahna, saumurna karek manggih, nu kasep saperti eta sarurem panganggo mantri, ku cahaya Raden kalindih, sanajan ting raranjug, bari maluru ka latar, nyakitu deui den patih, geus munjungan Den LaJana, ka Den Patya.
  6. Lajeng na korsi lalenggah, mantri mah caralik di sisi, sawareh caralik di handap, patih nyaur lebet galih, kumaha nyebut aing, teu pantes lamun nyebut agus, na ieu teh saha, moal pantes incu aki, tangtuna ge ieu turunan kusumah.
  7. Ngahulengna sajongjonan, dipikir dibulak-balik, ningal kitu sareatna, teu lami lajeng ngalahir, hormat semu nu ajrih, haturan teuing Den Bagus, ieu emang dipiwarang, ka rama agan sang aji, kedah angkat ayeuna teh, ka nagara.
  8. Disaur ku kangjeng raja, mugia kedah kairing, tah ieu pasihan rama, pangganggo teh dipisalin, ku Raden geus ditampi, harita dicobi tuluy, logor ngomplok teu meujeuhna, pok unjukan Den Raspati, henteu cekap pangganggo teh kaageungan.