Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
93
 
  1. Den patih amitan jengkar, di alun-alun ngabaris, sayagi kareta retna, cahaya dumeling, nu nongtong heurin usik, salurak mani ngaguruh, omongan sakabah rayat, bari keprok sukaseuri, batur-batur lamun incu aki datang.
  2. Ku urang kudu surakan, era-era urang sisi, arek jadi mantu raja, nyaah temen Agan Putri, luas mikeun nu geulis, kapilih ku urnag dusun, kawas taya anak raja, harianeun Kanjeng Gusti, eta kitu surakna rayat Tunjungbang.
  3. Kareta harita iang, ditunggangan ku den patih, diiring ku wajabalad, surakna paling jelerit, budal kabeh nu ngiring, di jalan mani ngaguruh, ngaleut nu tarunggang kuda, sardadu ngiring pandeuri, pecut lopor kadenge bebeledagan.
  4. Tunda anu nuju mapag, catur deui Deui Raspati, harita teh bade ngebak, mawa sabun sikat gigi, ka abdi teh ngalahir, aki mah diwates tunggu, poe ieu mun teu salah, mapag anu ti nagri, aki Boja dangdan ka wales rek mapag.
  5. Anu beres di imah, dua jin engeus sayagi, murub mubyar cahayana, katuangan wama-warni sanggeus heres jin leungit lajeng ngebak Den Sunu, tunda anu eukeur ngebak, catur deui raden patih, harita teh dongkap ka nagara anyar.
  6. Pendak sareng aki Boja, saur patih mana irnah teh lebah-lebahna, walon aki raden tebih, rnangga di payun gusti, raden patih enggeus lungsur, lajeng badarat angkatna, hanteu weleh alak-ilik, tina heran bet aya nagara anyar.
  7. Sumaur lebeting rnanah enggeus lila jadi patih, hanteu manggihan nagara, naha ayeuna bet manggih, lajeng nyaru ka aki, imah aki masih jauh, aki Boja ngawalonan, itu gusti katingali babancongna anu rnarakbak di buruan.
  8. Harita parantos dongkap, lumebet ka jero bumi, sadaya geus lalenggah caralik beres na korsi, den patih alak-ilik manahna heran kalangkung, ninggal parabot di dinya~adaya emas biduri, ting burinyay ting gurilap matak serab.