Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92
 

Pupuh Sinom

  1. Kebat raja ngandika, he ayeuna raden patih, dulur kula pek suratan, Tunjung Pura Tunjung PUri, rek dibawa badami, patih nyembah tuluy mungkur, suratna enggeus sadia, ki utusan enggeus indit, mawa surat pikeun ka saderek raja.
  2. Hanteu kocap di jalanna, dua utusan geus nepi, ka Tunjung Puri jeung Pura, surat tadi tampi ku gusti, kahartos yen diangkir, harita ge dangdos rusuh, eusi surat penting pisan, mios ngantunkeun nagari, tunggang gajah diiring euyah-euyahan.
  3. Gancangna bae geus dongkap, Tunjung Pura Tunjung Puri, jeung Tunjungbang sasalaman, geus caralik dina korsi, sonona liwat saking, kakara tepung jeung dulur, ari eta dua raja, eta sasatna, perenah adi kaetang nu pangsepuhna .
  4. Rayina sanggeus ngahormat, lajeng ka raka ngalahir, nakumaha ari kakang, anu geulis Malawati, rek kawin ka pangarit, kawas lain terah ratu, ratu Tunjungbang ngajawab, numawi rayi diangkir, rek badami kakang teh perkawis eta.
  5. Tah kieu geura asalna, lajeng bae diwarti, ti kawit Putri teu damang, hanteu liwat sahiji, tab kitu eta rayi, kumaha akalna atuh, nu dipambrih salametna, walon ratu Tunjung Puri, eta gampil putrina bae gentosan.
  6. Ku nu geulis jeung perceka, ku sahiji anak mantri, be piraku daek nolak, da puguh dawuhan gusti, lamun geus jadi kawin. Panganten benum tumenggung, bet piraku hanteu kersa, piraan urang sisi, sakitu ge ngarasaeun untung pisan.
  7. Bungah sang ratu Tunjungbang, ngupingkueun adpisna rayi, harita keneh nimbalan, raden patih sing sayagi, keur mapag incu aki, pakean anu aralus omat ulah kakurangan wirang moal saha deui , jeung kareta pos isuk geura budal.