Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91
 
  1. Ki Boja amitan mundur, mungkur ti payuneun gusti, hanteu kocap di jalanna, ka imahna enggeus nepi, galecok anu bebeja, nerangkeun maksudna hasil.
  2. Agan Putri parantos mulus, damang deui sabihari, namung neda tempo raja,lamina sasasih deui, kumargi sasayagian, nikahkeun Agan ka Putri.
  3. Empat waktos abdi di ditu, dihormat-hormat ku gusti, katuangan ngarareunah, anu pelem anu amis, abdi teh kamerekaan, busiat mani melenghir.
  4. Nini Boja milu nyaur, nurus tunjung aki-aki, tayoh teuing kapatutna, ngerakeun kaliwat saking, jeung benema mah mun mawa kadaharan pikeun nini.
  5. Tunda nu gunem catur, kocap deui Agan PUtri, harita geus damang pisan, taya panyakit ceuk lahir, tapi sapeuting manah hadeueul kaliwat saking.
  6. Katingalna alum mesum, runtik lebeting panggalih, malah sok kabawa sasar, tuang leueut kitu deui, teu dileret-leret acan, hemeng manah Kangjeng Gusti.
  7. Karek oge Putri Ayu, igeg-igeg damang deui, ari bet kitu ayeuna, seug ditaros Agan Putri, duh enung mustika ama, kunaon salira Eulis.
  8. Bet kara ge mamayu, cing terangkeun ngarah harti, na naon atuh kahayang, ulah sok jadi berewit, Putri nyuuh bari nyembah, aduh amapun rama gusti.
  9. Mugi ama ulah bendu, abdi sayaktosna alim, kawinka incu akimah, tobat abdi sanes nampik, na mama teu lingsem manah, mantuan tedak pangarit.
  10. Ramana hanteu ngadawuh, ewed lebeting panggalih, ngadawuh saur putrana, mun teu tulus wirang teuing, kawas lain tata raja, tua anom pada nyaksi.