Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
90
 
  1. Emban harita diutus, nguninga ka kangjeng gusti, emban lumpat gagancangan, bari rawah-riwih ceurik, datang ka payuneun raja, cong nyembah bari ngawiwiw.
  2. Ratu hemeng sakalangkung, naha maneh make ceurik, emban nyembah jeung unjukan, kaulanun kangjeng gusti, ku bakating bungah, Agan Putri damang deui.
  3. Saur ratu bener kitu, jeung angkat sareng meswari, muru ka gedong Kaputren, gabrug dirontok Gan Putri, ibu rama narangisan, ku bakating bingah galih.
  4. Pangemut tadina buntu, mo tiasa damang deui, aki Boja geus dihormat, katuangan warna-warni teu meunang buburu mulang, diandeg geus tilu peuting.
  5. Katuangan medah-meduh, kanu amis mah mih-mih, ku ki Boja geus dihanca, dipapay kabeh beresih, teurah jeung kamerekaan, heway bari kapacirit.
  6. Tuluy lumpat bus ka kakus, nyeuseuhan calana aki, kanyahoan ku sang raja, tuluy aki dipisalin, beuki ginding aki Boja, nampi waleran ti gusti.
  7. Harita ratu ngadawuh,kami heran liwat saking, bet maneh bisa ngubaran, untung maneh aki-aki, kaula moal sulaya, udar sumpah jalir jangji.
  8. Ayeuna kumaha maksud, rek ditikah Agan Putri, naha aki dikumaha, aki Boja nyembah tadim kaula nun gusti duka mugi henteu rengat galih.
  9. Yaktosna abí diutus, ku pun incu anu ganti, ayeuna nuju ngantosan, timbalan sarira gusti, abdi darma piwarangan, ratu Tunjungbang ngalahir.
  10. Lamu kitu eta atuh, aki buru-buru balik, bejakeun Gan Putri damang, tempoan sabulan deui, tanglu ku urang dipapag, sadia heula keur kawin.