Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
89
 
  1. Aki ku matnri dituntun, dideuheuskeun ka jeng gusti, ku ratu geus digupayan aya naon maneh aki, nu matak ka dieu datang, aki Boga nyembah tadim.
  2. Kaula nun dawuh ratu, manawi bahan katampi, reh jisim abdi ayeuna, sanggem ngalandongan Putri, moal enya maneh deui aki-aki.
  3. Ratu ge taya nu sanggup, ngala cisoca nu matih, na ku maha maneh peta, ngala buhaya putih, aki Boja ngawalonan, kaulanun dawuh gusti.
  4. Bilih gusti kirang maphum, ku jisim abdi mah gampil, buhaya teh diurekan, nyanggut teras wae kenging, geus di darat diteunggeulan, gagauk buhaya ceurik.
  5. Barang keur ceurik ngaguk-guk, cisocana nu keur bijil, ku abdi teh diwsadahan, kitu ngalana mah gusti, sang raja hemeng galihna, midanget carita aki.
  6. Mo enya nepi ka kitu, bet aya buhaya putih, diurekan bisa beunang, tambah make bisa ceurik, ngaguk-guk saperti jalma, pamohalan liwat saking.
  7. Patih bawa buru-buru, mangsa bodo awak kami, kumaha karep Den Patya, ngalandogan Agan putri, raden patih amit nyembah aki geus dibawa indit.
  8. Lebet ka Kaputren Ayu, aki geus pendak jeung Putri, tuluy ngukus aki Bojak mapaikeun jampe ngecewis kunyam-kunyem siga enya, padahal mah duka leuing.
  9. Nyokot cai dina sangku, campuran cisoca deui, Gan putri seug dilandongan, ditetesan soca putri, dileuceutkeun sawareh, ku kudratna bijil gusti.
  10. Agan Putri cengkat nangtung, ka emban bari ngalahir, duh emban kami teunangan, mana lungse-lungse teuing, den patih anu nyaksian, jeung emban saruka ati.