Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

69

  1. Gogodeg bawaning bendu, asa diunghak ku adi, wekasan nyaur den Arya, harita keneh ge sumping, cedok nyembah tawis hormat, nganti dawuha narpati.
  2. He mang patih buru-buru, nyieun surat masing gasik, adi kami bisi tuman, jeung menular jaram dengki, wani ngusir anak kula, padahal anak pribadi.
  3. Ka manehna paman estu, teu kaharti wani ngusir, padahal salah anakna, mun teu sudi atuh miwir, tiwu mawa ka puhun, urang warah bet kumaki.
  4. Rasa maneh jeneng ratu, adatna henteu make adil, matak naon perdamaian, ayeuna mah kieu patih, urang ge ulah kapalang bade tangtu ngadu jurit.
  5. Den patih ti dinya mungkur, nyieun serat geus tarapti, hiji mantri enggus iang, utusan ka Tanjung Puri, di jalanna teu kakocap, caturkeun bae geus nepi.
  6. Sor surat payuneun rtu, diaos ku raden patih, kieu unggelna surat, sumping raja Tanjung Puri, satampana pek sadia, bebekelan pikeun jurit.
  7. Ayeuna eungggeus ditunggu, bongan maneh wani ngusir, da lain ngusir ka budak, tapi ngunghak kumawani, abong eunggeus jadi raja, geus lali ka purwadaksi.
  8. Kumaki adingung luhur, reueus dumeh aing sakti,naha maneh hayang mecak, coba-coba mecak, coba-coba lamun wani, mun teu datang dilurungan, negara diburak-barik.
  9. Ratu Tanjung Puri Bendu, ka patih tuluy ngalahir, tab patih kieu ahirna, ayeuna ditangtang jurit, kumaha pikiran Patya, raden patih nyembah tadim.
  10. Kange tarung moal mundur, manggajisim abdi ngiring, saur raja pek sadia, urang ontrog ngadu jurit, hayang nyaho rek kumaha, cedok nyembah patih indit.
  11. Patih nakol bende ngungkung, ngagender jero nagari, pada kaget balad-balad, den patih nimbalan gasik, hayoh kabeh saradia, parabot tumbak jeung bedil.