Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

68

  1. Nangisna mani ngagukguk, hemeng manah sang narpati, lantaran nyaah ka putra, ilari jalan nu rapih, matak bosen nganasehat, wekasan nyaur den patih.
  2. Saur den patih geus rawuh, galindeng ratu ngalahir, cing patih kumaha peta, putra-putri hanteu rapih, enggeus sataun nu pesta, kuma akalna nu rapih.
  3. Teangan jalan nu mulus, sangkan taya nu balai, jeung baraya ulah benghal, cek-cok jeng dulur pamali, den patih ngawalon nyembah, kaula nun kangjeng gusti.
  4. Saena mah sina wangsul, tong aya di Tanjung puri, keur naon da matak sangar, pangantennan hanteu rapih, pami raka gusti were, keun abdi nu jadi ganti.
  5. Sanaos ditebus umur, begang Iara ucung pati, teu aya pamenganana, da ngabelaan narpati, upami kaya kitu mah, Aryakanta sae usir.
  6. Henteu panjang kangjeng ratu, ngamanahan anu lantip, engke piahireunana, wekasan lisan ka patih, mangsa bodo Den Patya, kami nyaho rapih deui.
  7. Lajeng angkat patih rusuh, ka kabupaten geus nepi eek patih raden ayeuna, ku rama teu kenging calik, wartosna kedah mulang, tong aya di Tanjung Puri.
  8. Arayakanta mindel kalbu, barang nguping saur patih, harita keneh ge dangdaan, beberes seja rek mulih, ka patih hanteu pamitan, gejling turun angkat gasik.
  9. Di jalanna teu kacatur, ka kocep tos dugi, lumebet ngadeuheus rama, unjukan wireh diusir, geus teu meunang cai atah, ku patih Tanjung Puri.
  10. Sareng sadaya diujuk, lalampahanana putri, mani geus sataun pesta, ramana hookeun galih, ku teu sangka titadina, marukan panganten rapih.
  11. Jeung dulur rek silih asuh, silih asah silih asih, tungtungna kitu bultirta, siga anu salah harti, bet wani ngusir ka suan, teu ka asal tadi.