Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

67

  1. Harita teh bade pesta, bade nikah putra-putri, balandongan geus sayangi, kumaha tali paranti, gamelan sakabeh muni, sorana mani ngaguruh, pamegaten nitih kareta, di alun-alun nguriling, anu ngiring lobana kabina-bina.
  2. Harita tas dirapalan, nembe mulih ti masigit, pelesir nguriling kota, siang kaganti ku wengi, paseban heurin usik, pangkat-pangkat ngibing nayub, ngaguruh saruka bungah, sorana asa kaindit, nganti-anganti panganten teu acan dongkap.

Pupuh Kinanti

  1. Teu lami panganten rawuh, mariem diseungeut muni, ger surak ambal-ambalan, nu nongton geus heurin usik, bade ningal nu nayuban, biasa pangaten ngibing.
  2. Aryakantan ngibing natub, diiring ku mantri-mantri, nu kaleprok mani seah, geus wengi nembe marulih.
  3. Kitu pesta kocap lekasan, rama Aryakanta mulih, diiring ku balad-balad, ngantun Nagri Tanjung Puri.
  4. Kacatur anu dikantun, panganten putra-putri, barang saparantos nikah, gan putri teh jadi ijid, ninggal ka rupi rakana, ngewana geus taya tanding.
  5. Aryakanta gegetun siang wengi mung prihatin, hate asa diduruk, ngarakacak lir bubutin, ku ngamanahan pan utan, hemeng manah nu prihatin.
  6. Beuki lila beuki matuh, dilelejer hanteu matih, gan putri teh tambah motah, teu kenging dilarah-lirih, siang wengi oge pesta, ka caroge hanteu nolih.
  7. Harita jengkep satuan, gan putri teu lilir galih, geuleuhna kabina-bina, Aryakanta jadi pusing, siang wengi ngan pasea, dor-dar taya euih-euih.
  8. Barang hiji waktu, benduna kawanti-wanti,Aryakanta tuluy nyeuseul, ka putri nu lain-lain, garwana ngejat ngoceak, nguninga ka rama aji.