Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

66

ngagoler dipupul bayu, ngaringkik teu wala kaya, lesu lungse, tulang sendi, disampeurkeun ku Raden Jayalalana.
  1. Ka kuda Raden ngandika, he maneh teh sambarani, naha geuning kitu peta, kapan saeyana kami, ngbogaan hak waris, sabab putu maha wiku, tekad terahing Cempala, nu matak ka dieu kami, saeyana manah arek dibawa.
  2. Sambarani bisa ngucap, harita ge barang nguping, ka Raden tuluy ngajawab, Agen hantau nyana teuning, ayeuna geuning sumping, abdi ngantos siang dalu, ka Agen bade bumela, siang wengi seja ngiring, Den Lalana bungahna kabina-bina.
  3. Mun kitu mah sukur pisan, maneh seja bela pati, harita keneh dibuka, pileumpeuheun anu matih, kuda geus jagjag deui, seger tibatan kapungkur, ku Raden seung ditumpakan, sambarani malang nyiring, sikep pisan kuda sareng nu tunggangna.
  4. Sisirang taya karingring, Den Lalana bingah galih, tidinya parantos angkat, taya kabingbang karisi, badarat siang wengi, turun gunung unggah gunung, Den Lalana tunggang kuda, mipir-mipir sisi pasir, nyukang lebak ngaliwat kana bubulak.
  5. Sakapeung mah angkat nyacat, hanteu nunggang sambarani, malah ari tungtungna mah, diteundeun di cupumatik, ngalahir ka Denewi, sambarani kudu urus, ku maneh kudu piara, omat asak ngaloris, mangkade bisi kurang pariksaan.
  6. Katunda Jayalalana, aya anu kocap deui, aya sahiji nagara, kacaturkeun ratu adil, pegat asih ka abdi, nagri Tungpura mashur, harita kagungan putra, pamegat kasep raspati, kakasihna rahaden Aryakanta.
  7. Yuswa sumedeng nonoman, semu lunggah budi manis, salira sedeng jangkungna, gaduh papasangan putri, nimana Ratna Ningsih, putri geulis lungguh timpuh, putrana rahaden Patya, sederek sabrayna sidik, kapirayi putrina rahaden putra.
  8. Malah tuluy ngababakan, ku seueurna abdi-abdi, ngababad ieu nagara, ti Tunjungpura teu tebih, raden patih geus ngalih, ti dinya geus jadi ratu, ramena kabina-bina, katelahna Tanjung Puri, geus kaceluk ka nagri manca nagara.