Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

65

  1. Tuluy talurun ka handap, ka Raden nanyana bengis, maneh manusa ti mana, mana make wani-wani, handapeun kiara ngintip, naha enggeus bosen hirup, ceuk bikangna tong ditanya, peujit ge kaburu peurih, ngomongna teh bari muriding buluna.
  2. Galudra tuluy narajang, nyabet ka Raden Raspati, Den Lalana geus iatna, barang hiuk nyambar tarik, Raden ngelok saeutik, bari newek kana, tuluy ditongtak ka handap, hiji-hiji ditampiling, galudra teh gerang-gerung, kokoseban.
  3. Mani muih kapiuhan, lieur matihna tampiling, sajongjongan taya daya, lalesu satulang sandi, gawena taya deui, malencrong ka Raden Bagus, Jayalalana ngandika, he maneh galudra paksi, mun can nyaho nya kami incu pandit.
  4. Terah nagera cempala, teureub terah ratuning jin, galudra teh ngawalon, aduh-aduh kangjeng gusti, haturan Agan sumping, teu sangka ayeuna, tepung, namung pami leres Agan, putuna sang maha resi, sing kaangkat itu batu tutup guha.
  5. Eta sayaktosna lawang, ka gedogan sambrani, tab eta batu tutupna, beuratna kaliwat saking, Raden teh taki-taki batu diangkat kajungjung, da puguh ge nu gaduhna, warisan ti eyang resi, geus molongo harita ge lawang guha.
  6. Kakuping kuda hohoang, handurun matak resi, sigana boga wirasat, ahrita kaneh ge bijil, totoker bari muni, sabrani hejo mancur, silo ramgkeun gumebyar, sela sebrak jeung kadali, ting guriyap emas inten bolongkotan.
  7. Matak silo nu ningalan, sesepek teu daek cicing, kai nu deukeut rarebah, bumi eundeur gunjang-ganjing, sadaya matak gimir, manuk galudra mah kabur, lampahna teu kacarita, catur kuda sambrani, geus sesegor, sabab ngambeu bau jalma.
  8. Ungas-ungusjeung hohong, nyampeurkeun Raden Raspati, kuda melotot matana lulunjuk jeung bari nyiring, polahna matak gimar, ceulina ge mani kucup, gigideung bari calagap, Den Lalana taki-taki, geus iatna jeung nyepeng rukmin beulitan.
  9. Tetela kuda narajang, nubruka kalangkung tarik, rikat nyingcet Den Lalana, bari dikebut ku rukmin, ngagebut sambarani,