Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64
 
  1. Areunteup dina kiara, galudra bikang ngacewis, kanu jaluna nyarekan, ngangelendeng ka salaksi, ngabelaan naon aki, hanteu manggih lauk cai, menta terang cik naon nu ditungguan.
  2. Salakina pok ngajawab, naha maneh comel teuing, nungguan hanteu percumah, sabab tugas ti sang aji, kudu didango ku aki, cek bojona naon atuh, salakina teu ngajawah, bojona pok ngomong deui, mun kitu mah teu nyaah ka pamajikan.
  3. Buktina teu mere terang, salingkuh kaliwat saking, jeung bojona leu rusiah, mun kitu nini rek balik, teu guna ku salaksi, sarta menta lalak tilu, hiji-hiji mah ngagokan, pek tetep dideui aki, salakina binggungeun kabina-bina.
  4. Ari nyerahkeun kumaha, da puguh duriat meulit, lamun hanteu terus terang, aki-aki lages deui, dibejekcun ku risi, puguh ge amanat ge amanat ralu, kilu serba salah, tapi kulantaran asih, bojona teh nu sakitu satiana.
  5. Wekasen tuluy carita, heung dibejakeun ku aki, asal nini ulah mulang, tapi ulah tarik teuing, bisi aya nu ngintip, manusa tukang culudur, saenyana tah di handap, moal aya nu tingkali, salianna aya eta dunungan urang.
  6. Aki disumpah baheul, ku sang wiku terahing jin, teu meunang aya nu terang, iwal ti putuna hiji, anu bakal ngamilik, tuh itu handapeun batu, saeyana lawang guha, tempat kuda sabrani, kuda gagah nu bisa ngawang-ngawang.
  7. Eta kitu saeyana, lamun nini tacan harti, caturkeun anu hiuhan, handapeun kiara calik, harita enggeus nguping bingah salebeting kalbu, nguliat tuluy cengkat, ngadehem kalangkung tarik, eta manuk ngagebeg bakating reuwas.
  8. Duh aduh nini cilaka, tuh ieu manusa ngintip, da maneh mah lalawora, biwir teh hayang ngecewis, tong sipating istri, loba biwir bari manyun, gcus kitu urang kumaha, bocor rusiah sang resi, geus tinangtua urang teh meunang hukuman.
  9. Bojona tuluy nambalang, ngomong nyelak bari scuri, aki-aki humayua, bodo teh kaliwat saking, enya puguh rejeki manusa urang campluk, leutik geus saheulah sewang, tamba peurih teuing peujit, cnya bener kitu jawab salakina.