Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
63
 
  1. Ayeuna mah mangga nyanggakeun kula nun, bujeng-bujeng sipat ali, alah nyawa abdi hatur, ka gamparan bade ngiring, siang wengi bade ngesto.
  2. Walon Raden sukur maneh arek milu, hayu atuh urang indit, Denewa Denewi nangtung, ka Raden Lalana ngiring, binggah manah anu anom.
  3. Eungkur gagah tambah panakawan segui, Raden angkatna diiring, Denewa anu ti payun, anu ti pungkur Denewi, nu angkat manahna jongjon.
  4. Raden ngemut ti salebeting kalbu, mun kieu mah salah teving lain Latana saestu, da ngadanding jeung diaping, tangku jalma sieun buron.
  5. Nenjo buta gedena kaliwat langkung, moal deukeut jalmi jalmi, mending asupkeun ka cupu, tuluy Denewa Denewi, lebet karna cupu ngenggon.
  6. Kawas nagri di jerona eta cupu, lalega buta arulin. hakaneun ge medah-međuh, dua buta bungah atí, cutur deui anu anom.

Pupuh Sinom

  1. Barang dina hiji mangsa, aya anu katingali, tangkal kiara mayekpak, handapeunna lening beresih, Raden emut ka wangsit, yen dina bandapeun batu, tuduhna teh lawang guha, tempat kuda sebrani, nu jagana sahiji manuk galudra.
  2. Barang jol Raden ka dinya, kabeneran engkuer sapi, galudra anu tungguna, keur nyaraba ka basisir, ku Raden katingali, tetela yen batu, rubakna kabina-bina, pernah sahandapeun kai, lajeng Raden nyalindung kana kiara.
  3. Tunda heula Den Lalana, kacatur galudra paksi, nu ulin sisi sagara, jeung bojona hanteu rapih, pasca sisi cai, sabab hanteu manggih tauk, taya bangke-bangke acan, bojona kaliwat pusing, tuluy mulang harita ka pamondokan.