Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62
 
  1. Bari ngomong kadieukeun sia palung, ali nu aing dipaling, Raden Lalana ngawangsul, dibikeun deui ku kami, lamun beuheung eunggeus potong.
  2. Eta bula molotot bakating napsu, ngagerem sihung pasalit, ngagila ka Den Bagus, kenca katuhu ngabili, dicingcetkeun ku Den Anom.
  3. Atuh poos hanteu keuna tuluy ngepung, Raden rancingas teu gimir, leueur lir upama belui, buta bongoh ditampiling, huntunal munggah arompong.
  4. Ulah getih sosongkolan gerang-gerung tapi da bubuhan sakti, hudang deui bari muru, karep males rek nampiling, Raden luncat kana tonggong.
  5. Ceuli buta diciwit pating gurubug, asa dilerab ku geni, gabrag-gibrig, nyekel hulu, rek ditewak ngejat deui, cukang irungna ditajong.
  6. Luluncatan kaditu-kadieu, kawas monyet dina kai, taya karisi kapaur, heureuy lir ucing kumincir, si buta nangkarak be-ngong.
  7. Hudang deui buta ka Raden milari, najan mindeng ngajumpalik, beuki wani rasa nguntup, da puguh ka budak leutik, piraku nepi ka poos.
  8. Den Lalana ka buta lajeng cumeluk,beakeun karep silaing, pek urang geura karepuk, bisi maneh hayang nguji, ka kami terah narpati.
  9. Enya ieu terahing Cempala Ratu, putrana Wulansari jin, kami Lalana nu mashur, lamun maneh meunang jurit, tanwande sia kasohor.
  10. Ela buta barang ngadenge Sang Sunu, Hookeun bari muringis, duanana tuluy diuk, ka Raden teh ngomong lirih, duh aduh Raden nu anom.
  11. Naha leres Raden tuh putrana ratu, putra gusti Wulansari, pami kitu abdi ampun panakawan gusti, bujang turunan nu kahot.
  12. Kapan abdi panakawan maha wiku, eyang gamparan sayakti, eta oge ali mashur, yaktosna sanes nu abdi, kedab ka gamparan langtos.