Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61
 
327. Tah ayeuna ka maneh rek menta tulung, kudu kumahakeun ali, ieu teh wasiat estu, ari ieu adi kami, tetap bae hayang moro.
328. Eta kitu asaina nu matak tarung, mana menta hukum adil, Den Lalana walon imut, kadieukeun eta ali, kami nu ngahukum langtos.
329. Tapi ali naon hasiatna tangtu, cek buta kana ngaleungit, moal aya nu weruh, sanajan setan reujeung jin, ka nu nganggo hamo tembong.
330. Saur Raden mun enya mah eta kitu, sok atuh kadieu ali, ku buta dibikeun tuluy, geus nampi Raden ngalahir, ayeuna paboro-boro.
331. Ieu panah lamun dilepas ka luhur, saha heula anu nyangking kami milik ali geus tangtu, nu meunang eta jamparing, nu teu meunang tangtu gapong.
332. Seug dilepas jamparing mani ngahiung, buta anu moro gasik lumpatna paburu-buru, katincak teu ditingali, tatangkalan tingdorokdok.
333. Nu ngalayang didupak mani nalambru, kocapkeun eta jamparing, digupayan ku Den Sunu, harita geus balik deui, buta malik deui moro.
334. Barang datang ka payuncun, Raden Sunu, harita keneh ngaleungit, buta dua kantun napsu, ambek nyedek hanteu hasil, bati gogodeg olohok.
335. Aduh adi ayeuna urang katipu, kasep-kasep jadi culik, mun panggih sia diremus, buta dua bulak-balik, keur neangan Raden Anom.
336. Den Lalana ninggalkeun polah diu gumujeng lebeting galih, si buta lieureun nyusud, tumpa-tempo alak-ilik, molotot jeung tinggalero.
337. Eta ali ku Raden tuluy dicabut, harita ge katingali, ku dua buta diburu, geus hanteu ditanya deui, Raden ku buta dirontok.