Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
60
 
  1. Tunda heula nu keur jurit, catur deui Den Lalana, harita kadinya anjog, ningal kanu peperangan, manahna heran pisan, nu perang sora ngagurub, silih rebut pegat nyawa.

Pupuh Magatru

  1. Den Lalana handapeun kai ngajentul, lalajo nu perang tanding, tinggalero tinggalerung, ngageder sorana tarik, Raden gogodeg olohok.
  2. Jelemana teu katembong banget ngebul, taneuh mulek nganan ngiri, dipake nojer ku diu, gawir rempag hanteuu kari, sakolepat geus katembong.
  3. Raden nyaur dina salebeling kalbu, euleuh singhoreng teh jurig, buta gede jangkung luhur, kunaraon make jurit, naha keur parebut naon.
  4. Den Lalana sabot keur ngamanah kitu, kocap Denawa Denewi, ka raden Lalana muru, adub adi bagja teuing, aya nu ngirim lelebok.
  5. Na ti mana aya jalma luntang-lantung, milik hakaneun dikirim, hayu heula urang tarung, sabeulah sewang pek bagi urang gok jeung Raden Anom.
  6. Cek Denewi engke beuta ulab rusuh, ieu siga urang nagri, kasep semu anak ratu, rupana mani raspati, hayu urang pada naros.
  7. Pagimana urang kecil tapi bagus, berani jalan sendiri, apa kamu tida tau, yang mempunyai ini bukit, lekas bilang jangan hinon.
  8. Den Lalana tuluy ngawalon ka diu, bener kami urang nagri, naon sabab nanya kitu, empok maneh ngomong đeui, ka urang ulah ngabohong.
  9. Ki Denewa bari molotot jeung nyaur, sukur kami eunggeus panggih ayeuna menta diputus, reh boga sahiji ali, ku duaan rek diparo.