Ieu kaca geus divalidasi
59
| 306. | Maneh kudu ati-ati, mamawa nepi kajaga, mun manggih satria anom, nami Den Jayalalana, putrana Sariwulan, ku maneh teh jimat kudu, sanggakeun ka Raden Putra. |
| 307. | Tah eta teh putu kami, barang parantos amanat, sang pandita lajeng maot, ayeuna caturkeun buta, geus boga anak dua, Denawa Denewi masyur, ngaran anak buta tea. |
| 308. | Duanana ge lalaki, kacaturkeun nya bapana, buta Renis arek naon, seug anakna dicalukan, harita keneh datang tuluy ka anakna nyaur, ayeuna bapa nyarita. |
| 309. | Ka maneh rek mere jangji, sabab ieu aya jimat, kagungan pandita kahot, ku maneh kudu ampihan, dimana engke jaga, lamun pareng bisa tepung, jeung santri ngalalana. |
| 310. | Teureuh Cempala Nagari, geuwat bikeun ieu jimat, maneh. manakawan bae, mun ditanya hasiatna, ieu ali mujijat, bisa nyaho kana lembut, ka jin setan marakayangan. |
| 311. | Geus ditampi eta ali, buta Renis tuluy wafat, Denawa Denewi atoh, dumeh ngabogaan jimat, harita banda direcah, hakaneun geus megah meguh, gawena ngan barang hakan. |
| 312. | Barang hiji wanci, ki Denewi teh nyarita, kuring ngilikan jimat teh, ku kuring urang ampihan, Denawa ngomong nyentak, moal dibikeun ka batur, ieu mah aing nu boga. |
| 313. | Molotot mata Denewi, bari ngomong kurang ajar, akang kawas anu gelo, ngeukeuweuk waris nu lian, pilakadar ngilkan, hawek teuing tah si burung, adi lanceuk ger amarah. |
| 314. | Denewi ngarantok tarik, digegel pingping lanceukna, ku Denawa pek dicabok, tungtungna mah ger galungan, silih sered jeung dupak, silih balang silih alung, sarua pada kuatna. |
| 315. | Taya eleh sahiji, bedasna sarua pisan, gagahna nya kitu keneh, taya unggul saurang, beurang peuting nu perang, cadas rempag batu remuk, dipake nojer ku buta. |
| 316. | Perangna sabulan leuwih, leuweung rumbit jadi lenang, ku dipake silih sered, tatangkalan bungbang, hunyur pasir geus rata, tapi taya nu kasambut, sarua pada kuatna. |