Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58
 
  1. Ditampi ku Raden Sunu, bingah lebeting panggalaih, nuhun pasihan ti bapa, ayeuna mah abdi pamit, selan teh gancang nambalang, engke ulah rusuh teuing.
  2. Aya hiji deui Agus, bapa ayeuna wawarti, teangan hiji kiara, anu gede liwat saking, aya batu di handapna, ku Agan kudu pilari.
  3. Saenyana eta batu lamun ku urang diangkat, tangtu tembong lawang guha, enggon kuda Sambarani, sakitu bapa wasiat, nam Raden geura pilari.
  4. Den bingah kalbu, nguping setan nu wawangsit, harita enggeus pamitan, lajeng Raden mios deui, ngangtunkeun anu wasjat, kasmaran lebet panggalih.

Pupuh Asmarandana

  1. Angkatna Raden Raspati, gandang teu aya karingrang, kaeumponan ku pasemon, hibarna ku pangawasa, sila cahya gubebyar, malak guyur urang lembur, matak ear sanagara.
  2. Rintih lantip hade budi, jatnika lucu paningkah, pasemon lir tanjung anom, gandangna lir Arjuna,bungah manah teu rempan, jatnika tetsing ratu, wantu rembesing kusumah.
  3. Lumebet ka leuweung rumbit, aya tengah-tengah alas, dina leuweung simagonggong, sakitu eunggeus lamina, tacan ngambah nagara, jangkep lima belas tahun, masih keneh teuleuweungan.
  4. Katunda Raden Raspati, aya deui nu kakocap, pandita kalangkung kahot, ramana raja Cempala, nya eta eyang Den Latana, tapi puluh-puluh tahun ngantosan sumping putuna.
  5. Hanteu kabujeng kapanggih, kabujeng yuswana pegat, namung samemeh maot, amanat ka panakawan, buta Renis ngarana, Renis ieu maneh kudu, jimat aing kudu bawa.