Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57
 
  1. Raden di dinya tapakur, handapeun kiara calík, iuh sarta tumaninah, angin leulik ngadalingding,tunda anu keur tatapa, kacatur setan keur ulin.
  2. Ngalayang di mega mundung, pelesir tengah wiati, salaki jeung awewena, salakina pok ngalabir, jikan kami ku hareudang, jeung paranas daun ceuli.
  3. Hayu anggur buru-buru, ayeuna mah urang balik, tuluy turun duanana, geus daratang kana kai, barang ret nenjo ka handap, duh paingan itu nini.
  4. Tuh jelema eukeur diuk, mun teu nyaho maneh nini, ku aki nu diheureuyan, ditenung keur jabang bayi, anakna Ringaja Cempala, geuwat nini deudeuh leuing.
  5. Nu matak ka dieu cunduk, meureun menta rupa asli, nam nini ka ditu hawa, ku cai panyipuh mandi, geus lila teuing karunya, gugu bae nini indit.
  6. Raden ku nini ditungtun, dibawa mandi ka cai, ari tuluy disiraman, burinyay cahyana bijil, nya cadas-cadas harerang, keusik-keusik bararentik.
  7. Salira mulus ngagebur, lir emas anyar disangling, kasep lain kaulinan, estu mustika lalaki, dewata turun ka dunya, alit lenggik ngajalentir.
  8. Geus tutug mandi diruru, ku nini dibawa balik, dibikeun ka salakina, barang ret Raden ningali, gila ningal rupa setan, bulu gimbal biwir jeding.
  9. Setan ngomong anak bedul, ambu-ambu kasep teuing, matak guyur nu ningalan, matak gujrud eusi puri, hanteu siga memeh datang, kulit hideung mani lucir.
  10. Bapa pangling nenjo Agus, panyana hanteu rasapati, ayeuna mah meureun punah, moal aya nu nagih, anu ditenung ku bapa, hutang punah ulah nagih.
  11. Buruhna tah ieu cupu, jimat mujijat linuwih, gede pisan hasiatna, sanajan sapuluh nagri, diasupkeun kana jimat, eta tangtu moal beurin.