Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56
 
  1. Da elmu mah enggeus cukup, ngan eu eyang wawaris, jimat kaos anu mulya, ari kasiatna sidik, lamun dipake ku urang, bisa ngapung jeung ngaleungil.
  2. Leu jimat nu saestu, turun tì nini aki, tedak terahing kajinan, th ayeuna tampi, sabab hidep anu geusan ngabasmi rurudet nagri.
  3. Raden nyembah bingah kalbu, nampi wasiat ti aki, jimat kaos tuturunan, sang resi ngalahir deui, lamun ti dieu geus angkat, ku Raden kudu pilari.
  4. Teangan sahiji kayu, kiara gede jungkiring, aya batu di handapna, sarta sakuriling bungking, lalenang lir disapuan, gorowong tengahna kai.
  5. Di dinya kudu tapakur, tilu poe tilu peuting, engke ingtu datang setan, anu ahii hiridengki, malah anu boga dosa, nenung ka Raden keur alit.
  6. Raden kudu dipundut, rupa nu tpaa ti Kodim, da manehna nu hianat, nu ngajadi manuk Nori, bral ayeuna geura angkat, Den Lalana nyembah tadim.
  7. Geus munjung ka maha wiku, Raden langkung bingah galih, ti Pasantren geus ka luar, ngajajapkeun santri-santri,sosonoan rek papisah, dmugi ka sisi jami.
  8. Teu galider nu lumaku,da dibeulit ku pangarti, ngawadahan kagagahan, kasipuh ku wening galih, teu sieun siga ka tukang, eukeur waktu sisip harti.
  9. Geus asup ka leuweung singkur, kakaianana rumbit, tara kasorang ku jalma, enggon sagala dedemit, angkatna enggeus sabulan, Raden bari ngisat diri.
  10. Puasa bari lumaku, hayang buru-buru hasil, tapi tetep bae jagjag, da kasipuh ku pangarti, barang dina wanci Asar, Raden ningal hiji kai.
  11. Di handapna aya batu, lalening mani baresib, tangkal kiara ngayapak, boa ieu saur resi, tetela teu kasalahan, Raden di dinya geus calik.