Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55
 

Pupuh Kinanti

  1. Den Pandita maha wiku, nu tapa gunung Candani, ata teh nya dulur eyang, mun teu salah pernah adi, Raden oge pernah eyang, ka eyang aki ti gigir.
  2. Tong asa-asa guguru, da eyang ge tunggal wajib, tuh tingali barudak, eta oge kabeh santri, di dieu keur diajar, kebeh ge putra Bopati.
  3. Maharesi lajeng nyaur, he kabeh barudak santri, ka dieu kumpul sadaya, maneh bisi hanteu harti, ieu anu anyar datang, saenyana incu kami.
  4. Terah tetesing ratu, nu wasta Cempala Nagri, nu matak ka djeu datang, maksudna rek ngalap ilmu, jagana lalanang jagat, santri andeling jurit.
  5. Pek ayeuna geura munjung, tuluy kabeh santri-santri, marunjung ka Den Lalana, Raden di dinya geus mukim, bareng pada diajar, elmu kasantrian budi.
  6. Siang wengi hanteu kantun, diwuwuhan ku kiai, Den Lalana pada manah, paham sakabehna ilmu, kagagahan karongkahan, sumawona ngapung ngaleungit.
  7. Guguruna enggeus tutug, elmu maharesi sisip, enggeus hanteu diwurukan, elmulahir elmu batin, santri anu loba heran, pantes keur lalanang langit.
  8. Diwiridna opat isuk, tamplok kabeh elmu resi, eyangna bingah kacida, ningal putu pada galih, tetela hanteu sulaya, tawis andelan ning jurit.
  9. Barang dina hiji waktu, sang pandita nyaur lirih, Agan ayeuna meujeuhna, elmu wyang enggeus sisip, kadigjaya karosaan, Raden hese nyiar tanding.
  10. Nyembah hormat Raden Bagus, manawi jeung eyang widi, abdi bade ngalalana, walon pandita samawi, eyang saestuna ngidinan, Raden masing lulus diri.