Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54
 
gede letuik, barang ningal ka Den Bagus, barudak teh lalumpatan, saricucunan tingjarerit, ningal rupi Raden ku matak hanjakal.
  1. Singhoreng teh eta budak, keur guru ka maha resi, harita ge ngadeuheusan, walon saur maha resi, kunaon maneh ceurik, lukpat ka dieu rarusuh, walon santri aduh eyang, sisi leuwung aya jurig, ayeuna ge keur ngabedega di jalan.
  2. Pandita mesem ngandika kasep eta lain jurig, sakedap deui ge datang, ka dieu jeung urang panggih, maha wiku tingali, kar raden nu bade rawuh, abong pandita waspada, terang kanu bakal jadi, harita ge raden geus dongkap ka latar.
  3. Ku pandita geus dipapag duh raden bagea teuing, anu kasep incu eyang, mangga anggur geura calik, Lalana nyembah tadim, budak santri pabaliut, ampar-ampar pikeun semah, maha wiku nyaur deui, he barudak jurig teh nya icu pisan.
  4. Anu matak maneh lalumpat, barudak santri muringis, ku pandita disindiran, pada heran hanteu muni, ningali Den Raspati satata calik jeung wiku, ajrih tawis hormat, budak santri heran galih, sang pandita naha calik satata.
  5. Jeung jalma kitu rupana, naha bet dihormat teuing, ceuk baturna bari nepak, eta jurig panas tiris, nu matak ku kiai, ayeuna ge sina hatur, hormat ka jurig muriang, bisi matak hiri dengki,enggeus tantu pikeun mihapekeun urang.
  6. Santri-santri pada heran, gumujeng pandita resi, nyaur ka Raden Lalana, Asep teh anu ti mendi, lembur matuh nya ngancik, sareng saha nama ibu, Den Lalana ngawalon, teu langkung eyang nu wacis, sae awon eyang nu langkung uninga.
  7. Duh bener saur pandita, Agan estu incu aing, ibu Agan Sariwulan, rama nu jeneng Narpati, di Cempala Nagari, nu nyepeng papayung agung, tah kitu lamun teu salah, nu matak ka dieu sumping, dipiwarangan ti elmu kagagahan.