Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
53
 
pernahna nagara lapur, ti dieu kedah kamana, Den Lalana nyaur deui, ieu kami ayeuna rek mere jalan.
  1. Panahna tuluy dipentang, ngahiung sorana paring, hookeun mantri tujuba, leuweung nu asalna rumbit, ngadak-ngadak jadi leungit, jadi jalan ngabalungbung, lina kasiatna panah, Raden ka mantri ngalahir, geura mulang ka dinya maneb jalanna.
  2. Tujuh mantri tuluy jang, ngambah jalan anyar resik, batuna mani harerang, keusikna mani carentik, aspalna herang lucir, anu nincak suia kalbu, lalampuahan tilu bulan, sajam ge harita nepi, ka Cempala ki mantri harila bungah.
  3. Jamparing geus digupayan, harita geus balik deui, kocap mantri tujuhan, di alun-alun agalintrik, sh, raden patih nyaur gugup, he mantri kuma bejana, mantri tujuh ngawalonan tadim, kaulanun perkawis Raden Lalana.
  4. Ku jisim abdi kapendak, ngejat ngoceak ngajerit, ku abdi tuluy diudag, ninggangkeun maneh ka cai, weleh teu pendak deui, duka mun dihakan cucut, atanapi ku buaya, saur patih kajeun teuing, keun ku kami rek diunjukeun ka raja.
  5. Patih ngadeuheusn ka raja, mando di payeuneun gusti, ngunjukkeun yen mantri tea, harita parantos dugi, sadayana diwarti, Raden Lalana ka laut, dipilari teu kapendak, kitu piunjukna patik, saur raja keun bae ari kitu mah.
  6. Moal jadi kacapangan, lamun puguh geus lastari, lajeng raden patih mulang, tunda heula raden patih, ayeuna kocap deui, malikan anu kapungkur, nya Raden Jayalalana, geus angkat ti tempat tadi, mapay reuma mipir pasir nyorang lebak.
  7. Barang nuju jongjon angkat, Raden harita teh nguping, kongkorongok hayam car, ngarandeg bari ningali, nyaur leheting galih, boa tempat nu dituju, Raden angkat beuki ganjang, ka luar ti leuwung suni, harita teh geus nyorang jalan satapak.
  8. Beuki deukeut beuki nyata, katingal sanajan tebih, ngarunggunuk pilemburan, di jalan Raden papangih, barudak