Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52
 
  1. Di dinya pandita Ajar Sakti, geura bralayeuna angkat, nyembah hormat Raden Anom, geus munjungan ka eyangna, pandita ilang musna, heran manah Raden Bagus, da puguh masih nonoman.

Pupuh Sinom

  1. Geus ka luar ti patapan, Den Lalana bíngah galih, kocap mantri tujuhan, anu ngudag-ngudag tadi, harita alak-ilik, laleumpang ka Juhur gunung, kabeneran gok pependak, di jalan pasangrok deui, nu tujuhan harita bungaheun pisan.
  2. Jol ngarontok teu tatanya, dipapag belitan rukmin, nu tujuhan tinggolepak, asa ajur tulang sandi, teu bisa usik-mail, lalumpuh kabeh ngaringkuk, taya tangan pangawasa, sasambat tobat gusti, ua ampun ayeuna seja ngawula.
  3. Ku Den Lalana disentak, naha bosen ngabeberik, kamari mah rek meuncit, mawa lambanag rek nalikung, ayeuna mah mending perang, sapira kami bebenjit, mantri tujuh ka Raden tutuy nyarembah.
  4. Abdi seja manakawan, siang wengi bade ngiring, walon Raden banteu hayang teu pantes diiring-iring, taya gaew di kami, rumasa ku goreng patut, era mun mamawa gundal, mending maneh balik, mun milu kuriak nandang sangsara.
  5. Duh Agan abdi kumaha, upami balik ka nagri linglung pobo deui jalan, ageungna abdi risi, ama Agan tangtu meuncit, sakitu abdi kapaur, gumejang Den Lalana, naba maneh kurang lantap, atuh nyiar akal geusan kasalametan.
  6. Kieu maneh nya ngajawab, lamun geus datang ka nagri, sumuhan perkawis budak, ku jisim abdi kapanggih, barang rek tuluy ngacir notogkeun maneh ka laut, titeuleum hanteu kapendak, duka dihakan dedemit, kudu kítu maneh ka raja unjukan.
  7. Walon mantri nuhun Agan, namung susah jisim abdi, línglung moal bisa mulang, jalanna geus poho deui, sareng kapegat cai, pernahna nagara lapur, 1i dieu kedah kamana, Den Lalana nyaur