Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
51
 
232.⁠Raden ulah reuwas galih, saenyana ieu eyang, rama ibu raden tulen, Wulansari anak eyang, taedaking ti kajinan, eyang ka Raden geus maphum, sanajan hanteu balaka.
233.⁠Sing sabar sing pasrah diri, tumarima kana kadar nampi papasten Yang Manon, ingkeun sakitu mah jamak, adatna hiji satria, kudu heula ngandung bingung, ngambah alam pangalaman.
234.⁠Eyang sukur liwat saking, Raden ka dieu ayeuna, didago ti barelo, saenya rek wasiat, rek ngawaris pra jimat, hiji pedang dua baju, katilu rukmin beulitan.
235.⁠Pek kasep ayeuna tampi, hiji deui ieu jimat, panah nu kalangkung aheng, ditampi sadaya jimat, nyembah Raden Lalana, kieu saur maha siku, ieu panah mun dipentang.
236.⁠Najan Alas Banaspati, ngemplong jadi jalan besar, suma-wonna mun dipake, manah musuh nu digjaya, nu teu teurak pakarang katibanan pasti ajur,taya barang kinasihan.
237.⁠Kasiatna jumat rukmin, upama dimake perang, dikebutkeun ka musuh teh, geus tangtu lesu awakna, mo aya pangawasa, ngalumbruk kawas kapuk, ela kitu kasiatna.
238.⁠Ari ieu baju deui, ieu pasti kasiatna, upami lamun dipake, Raden weduk ngadak-ngadak, moalterurak pakarang, tumbak bedil tangtu ngeluk, teu raja ora kang tumama.
239.⁠Den Lalana bingah galih, ngupingkeun saur eyangna, jimat disimpen sakabeh, eyangna deui ngandika, tatapi Raden omat, ka nagara ulah wangsul, montong hayang ka Cempala.
240.⁠Pek gugu tuduh aki, ayeuna leumpang ngetan, di jalan tong pungkal-pengkol, omat ulah sumpang-simpang, ti dinya mangke mendak, pasantren rame kalangkung, ka dinya ge tunggal eyang.
241.⁠Dulur eyang eta sidik, nu jadi kiayi di dinya, kumpulan putra Bupatos, pada guru dialajar, kagagahan karongkahan, weduk ngaleungit jeung ngapung, di dinya sagala aya.