Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50
 

Pupuh Asmarandana

222. Angin leutik ngadalingding neakan dangdaunan, raos raden nu nyarande, kana tangkal kai gordah, nyecep tiis raosna, Raden teu aya kaparu, geus lasatari anu ngudag.
223. Kacatur anu paralid, mantri-mantri anu tujuhan, can nepi kana papasten, kabeneran kabeh nyangsang, kana arcuy maruntang, haranjal naek ka luhur, salamet bisa ka daral.
224. Harita tuluy badami, ayeuna kumaha pela, aka mana urang nya leos, puguh udagan geus musna, rek balik urang kapalang, cek batuma atuh puguh, urang susah lalampahan.
225. Urang mapay sisi cai, ka mana he nepina, geus rempug tuluy marios, mapay di sisi wahangan, teu lami beh kapendak, handapeun gordah nu diuk, tetela Raden Lalana.
226. Nyarande sare ngajempling, tujuh mantri bungah manah, lakadalah bagja gede, ayeuna mah tangtu beunang, rek ka mana nya lumpal, hayu batur urang kepung, lalunan bisi ngejat.
227. Anu keur sare ngajempling, teu lilir ngarande tibra, ku sadaya didodoho, direjengan rek dibanda, Den Jayalalana reuwas, lilir bari budag-badug, jol lesot pananganana.
228. Nu di hareup ditampiling, anu di tukang disepak, anu di gigir ditonjok, mantri tujuh tingjarengkang, rikal Raden Lalana ngejat bari tuluy mabur, ninggalkeun anu nangkarak.
229. Den Lalana lumpat tarik, luhur gunung na puncakna, karepna rek nyumpul bae, tatpi barang jol datang, heran kabina-bina, heran dibarung jeung atoh, keur kitu aya nu dongkap, aki-aki janggota, ngagupayan bari nyaur, he Raden ka dieu hiap.
230. Den Lalana hemar-hemir ningal nu janggotan panjang, padahal lain sabrongbrong, eta aki-aki tea, nyatana mah pandiita, nu matuh di luhur gunung, tetesing payung nagara.
231. Kebon sayur tadi, eta kabeh ciplaan, nyayagikeun anu anom, kocap harita pandita, nuyun ka Raden Lalana, geus calik papayun-payun, galindeng resi ngadika.