Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
49
 
  1. Naon atuh abi pamulang tarima, da puguh ge jalmi taip, hina taya kaboga, buaya putih ngajawab, duh Agan sembaheun abdi, teu mamrih bapa, pamulang tarima deui.
  2. Margi bapa ka Agan kawajiban, ti kapungkur dianti-anti, ayeuna nembe pendak malahan bapa wasiat, mugi Agan kersa nampa, bade bumela, bapa sambat tangtos dugi.
  3. Saratna mah cai tilu kali nepak, mun nandang kasesah ati, tangtu bapa atang, sanajan aya di mana, pamugi agan sing eling, wasiat bapa, jawab Den Lalana nampi.
  4. Nuhun Agan ayeuna bapa rek mulang, buaya putih ngaleungit, teu puguh leosna, kantun den Jayalalana, keur ngadeg sisi cai, nu ngudag kocap, di peutas keura alak-ilik.
  5. Katingali ku Raden pek digupayan, geura susul, jeu kami mantri nu tujuhan, kaget ningal budak meuntas sakitu tarikna cai, jalan ka mana, cai gede malak palid.
  6. Pada bingung kabeh mantri teu untupan, paur ningal cai tarik, ngan aya saurang, nu halen ujub bisa, ka baturna nyaur tarik, long susah-susah, het eleh ku bebenjit.
  7. Bel piraku Si Lalana bisa meuntas, urang mah komo mantri, gagab di urang, weduk sakti mandraguna, ulah mandeg hayu berik, ka mana lumpat, bras-brus laluncat mantri.
  8. Kerelep les mantri-mantri nu tujuhan, ka hilir paralid, teu daya upaya, ku cai tarik kabawa, roroesan ge mubadir teu walakaya, kalem hanteu tembong deui.
  9. Catur deui ayeuna Jayalalana, ningal mantri kabeh palid, manahna rada lega, faejgn li dinya ge angkat, mapay-mapay sisi cai, kantun leulusna, samar raos Den Raspati.