Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
48
 
  1. Lajeng mios pandita ti patapan, geus dongkap ka sisi cai, wahangan di tepak, ujug jol buaya datang, lajeng pandita ngalahir, he buaya ayeuna nepi ka pasti.
  2. Nu đitunggu ku urnag ayeuna datang, mani kesel nganti-nganti geus nepi ka kadar, sugan bae saenyana, norah teu sulaya deui, kitu implengan, hempik geura arindit.
  3. Tereh panggih incu kami Den Lalana, nu ku maneh keur dijagi, ayeuna iyaina, sing hade ngajagana, ayeeuna cukeur prihatin, pada ngarudak, ku mantri Cendala Nagri.
  4. Sang buaya ngawalonan nuhun pisan, abdi di dieu geus lami ngantos putu gamparan, hanteu geura enggal dongkap, saratus tahun ge leuwih, abdi ngantosa, ayeuna nuhun rek sumping.
  5. Tong salempang manahan gampara maħ, upami dongkap ka ai ku abdi disanggap, dihanjatkeun ka darat, pandila ngalahir manis, mihape pisan geus nyaur tuluy ngaleungit.
  6. Sang buaya mapay-mapay di wahannga, tunda ki huaya putih, catur Den Lalana nu keur dikepung tea, harita hongoh saeutik ti nu ngarudag, Den Lalana ngabecir.
  7. Lumpatna teh meneran kana wahangan, ngahuleng kapegat cai, mun balik ka tukang, tinangtu nya tiwas, maju kapegat ku cai, kitu tarikna, mundutr maju balai.
  8. Tatapina tibatan ku mantri beunang, linangtu bakal dipeuncit, mending ka wahangan, harita tuluy luncat, matidkeun manch ka hilir, tapi teu lila, disanggap ku buaya putih.
  9. Pek diheumeheu Den Lalana ku buaya, Raden nyaur bari nagis, he jurig sagara, kami tng dilila-lila, geura teureuy sing lastari, jawab buaya, abdi teu seja mateni.
  10. Jisim abdi ka Agan bade nulungan, jawab Raden bagja diri, atuh ulah lila eungap, enggal dibawa ka darat, buaya nyurungkuy tarik, nepi ka peuntas, ngarandegna sisi cai.
  11. Diejagkeun Den Lalana ku buaya, geus ngadeg di sisi cai, bari ngadika, nuhun pitulung bapak, abdi teh bisa walagri, teu ditulungan, tanwanda abdi balai.