Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
47
 
bet suwung, meureun ulin ka luar, ayeuna mah leuwih hade urang lunggu, da tangtu aya balikna, urang intip ti nu buni.
  1. Mantri tujuhan nyararingkah arindit neangan tempat nu buni, handapeun kai nu singkur, seja ngintip Den Putra, hanteu lami raden ti cai geus cunduk, ngajugjug kana kiara, nu ngintip mundu saeutik.

Popuk Durma

  1. Den Lalana salinna sisi kiara, teu terang keur diintip, mantri tujuha, pada ngalaugas pedang batur sing arati-ati masing iyatna, urang kepung budak leutik.
  2. Geus dilikung Rabaden Jayalalana, Raden harita ningali kaget lebet manah, ngajerit bari ngejat, dirarontok ku mantri, Raden Lalana weleh hanteu kacangking.
  3. Anu ngepng ambekna kabina-bina, montong lumpat sia iblis, moal burung beunang, masing rek ngapak ka mana, leuwih hade sia cicing mending ge pasrah, mun haha tangtu dipeucit.
  4. Den Lalana barang nguping nu sasumbar, ngajerit maralan langit, nyambat ka ibuna, aduh ibu abdi tobat, iteu abdi dibeberik utusan ama, neda rahmat sim abdi.
  5. Aduh ihu samar teuing bisa pendak, mun kaya kieu mah diri duh ibu tulungan, sareng neda dihampra, dosa ageung dosa alit, eh pileuleuyan, dinten teu abdi mati.
  6. Mantri-mantri anu tujuh ambek kacida,pada narik pedang tamsir, batur tong dihirupan, urang peuncit ayeuna, eta geus idin Jeng Gusti, urang tarigas, dapon kabawa ceuli.
  7. Den Lalana salitana mani ruksak, beureum pinuh ku getih urut labuh nagkarak, cucuk canir ngaitan, lir peucang diudag anjing, Raden Lalana, lumpat teh bari nangis.
  8. Urang tunda nu dikepung Den Lalana, aya anu kocap deui pandita nu keur tapa, dina uncak gunung et, ramana Neng Wulansari, eyang Lalana, harita waspada galih.