Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46
 
Nagri Tunjung Sari esto, tujuh mantri atoh pisan, cing silaing sugan panggih.
  1. Jeung budak hideung rupana, nu ditanya ngawalonan puguh panggih, tatapi tí dieu jauh, kira lalakon sabulan, pernahna teh dina legok sisi gunung, eta di dinya maluhna, mantri tujuh suka ati.
  2. Harita keneh darangdan, pada bungah reh geus meunang beja pasti, dangdanan mani saregut, bral sadayana marangkat, nutur galur mapay-mapay sapituduh, teu dicatur di jalanna, ayeuna diselang deui.
  3. Catur deui Den Lalana, enggeus genah dina tangkal kai dina kiara ngaringkung, taya deui karingrang, pasosore ngatanlung di kebon sayur, dahareun taya kakurang, bungbuahan nu aramis.
  4. Harita keur di wahangan, kokojoyan senang-senang anu mandi, taya nu ngaharu biru, kocapkeun nu tujuban, harita teh geus nepi ka kebon sayur, bookeun anu tujuhan, ningal patempatan resmi.
  5. Kituna teh bakating lapar, ningal buah meuhpeuy bangun nu aramis, naraek paburu-buru, mahmah-mihmih taruang, ponyo naker saperti anu mamayu, sadaya kamerekaan dariuk handapun kai.
  6. Mantri saurang carita, betah temen saumur di dieu cicing, taya kasusah kabingung, mun teu aya utusan, keur neangan budak hideung nu hedegul, sigana teh moal mulang, ceu baturna puguh teuing.
  7. Najan sakumaha senang, mo sampurna lubak-libuk nu aramis, inget ka nu di lembur, tinangtu ngadagoan, ngarep-ngarep indung siteueul tinangtu, cek baturna bener pisan, ayeuna mah hayu indit.
  8. Urang neangan Lalana, moal salah di dieu matuhna cicing, sa panudub jalma hatur, tuluy ditareangan, geus narepi kana kiara nu baku, katembong lidig urutna, cek mantri tetela sidik.
  9. Na kai ieu matubna, luh kaciri aya anggel daun eurih, tap ayeuna bet suwung, meureun ulin ka luar, ayeuna, tapi ayeuna bet suwung, meureun ulin ka luar, ayeuna mah leuwih hade