Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
45
 
mantri, cing aki sugan kapungkur, manggih budah goreng rupa, teu beda bae jeung jurig.
175. Aki-aki ngawalonan, kaulanun kantos, pendak jisim abdi, budak hideung jeung bedegul, kapungkur genep bulan, moal lepat sakitu anu kaemut, ka lebah ditu jalanna, asup kana leuweung kai.
176. Tujuh mantri pada bungah, hayu batur ayeuna mah indit deui,

da geus puguh nu dituju, moal ka mana leosna, ayeuna mah ku urang tangtu karingkus, harita tuluy arangkat, lumebet ka leuweung kai.

177. Di leuweung ditareangan, tapi weleh Den Lalana teu kapanggih, mantri tujuh pada bingung, seepeun bebekelan, mangka-mangka hanteu acan hasil, maksud rek balik sieun ku raja, pasti dihukum pati.
178. Tunda mantri nu tujuhan, kacaturkeun aya sahiji Nagari, Tunjung Biru anu mashur, keur ubyag pangkat-pangkat nareangan sakita mantri nu kabur, ngaranna Andayasura, ngaheureuyan garwa patih.
179. Sakitan kabur ka alas, teu kapanggih diubek ka jero nagri, geus teus ka puncak gunung, barang dina hiji mangsa, kabeneran jeung Den Lalana patepung, pada reuwas duanana, nu kabur jeung nu diusir.
180. Barang gok ge pada ngejat, marukanana nu nyusul ti jero nagri, mantri ngaler raden ngidul, malik deui Den Lalana, rada jauh nyidikeun lain nu nyusul, teger deui Den Lalana, mondokna kiara nguni.
181. Mantri sakitan mah kebat, kabeneran di puncak gunung gok panggih, sareng mantri anu tujuh, nu kabur reuwas pisan, ditegeskeun sihoreng lain nu nyusul, kunu tujuh digupayan, nyampeurkeun hatena risi.
182. Kasieun mah tetep aya, puguh dosa sanajan hanteu kaciri, nu dirasa mah geus ngaku, saperti mantri tea, najan sidik eta teh lain nu nyusul, hatena mah gegebegan, sidik teu benang dipaling.
183. Nu tujuh mantri mariksa, urang mana aya di leuwung silaing, nu kabur tuluy wawangsul, kula jalma kakaburan, asal urang