Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44
 
batur, kadaharan kari ngala, sarta tempat sisi cai, ngamandian wahangan gede kacida.
  1. Enjing-enjing ka wahangan ngebak suka ati, laukna areuy-areuy, bangun rek manggih jalmi, ngadupak kana pingping, lalawak pating suruwuk, sepat pating karocepat, julung-julung ngajalingjing, barang hanjat ti walungan tuluy moyan.
  2. Nuus dina batu tea, siang mipit buah deui, wengi mondok na kiara, kitu damel siang wengi, geus teu aya karisi, sanajan aya di gunung, kota mah ngan pangbibita, hanteu bisa ngsat diri, Den Lalana geus tetep bari tatapa.
  3. Kaselang heula carita, ayeuna kacatur deui, anu di Nagri Cempala, Kangjeng Raja nyaur patih, kumaha paman patih, Si Lalana boa tuluy moal mulang.
  4. Ayeuna kudu nitahan, ka mantri anu warani, nu kat ngajaga baha, kira tujuhan ge mahi, tatapi nu heunang milih, sakirana anu sanggup, newak si Jayalalana, mun haha mah hade peuncit, Raden patih mungkur ti payuneun raja.

Pupuh Pangkur

  1. Den patih kebat nimbalan, tujuh mantri harita anggeus sayagi, rek nyusul putra ratu, nya eta Jayalalana, geus darangdan eta mantri anu tujuh, sadia tumbak jeung pedang, panah tameng katulu bedil.
  2. Geus iang mantri tujuhan, gadag-gidig nyoren edang manggul bedi, leumpangna pasegut-sugul, geus liwat hulu nagara, nya hiji mantri ka hatuma nyaur, urang teh nyusul ka mana, teu puguh ka mana nyungsi.
  3. Nu disusul teh di mana, kudu pikir urang ulah gugup areureun di jalna, eukeur dalang aki-aki muru, tukang ngangon munding tea, anu bareto ngabecir.
  4. Sieuneun ku Den Lalana, harita teh ngaliwat ka hareupeun mantri, aki-aki teh disaur, barang geus adu hareupan, saur