Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
43
 
158. Kira wanci haneut moyan, calikna handapeun kai, ningali ka beulah wetan, beh gunung gede nggadingding, punckna hanteu sidik, ari ngaranna kamashur, katelahna gunung Jahat, mun jalma ngalantung pasti, balik ngaran moal bisa deui mulang.
159. Di dinya teh enggon begal, tempat kecu tukang meuncit, ngarampas taya ras-rasan, tong boro nu mawa duit, najan teu mawa pasti, umurna tinangtos lapur, Den Lalana langkung susah, aya pikeun jalan deui, geus kahapit ku gunung palebah dinya.
160. Manahna Raden Lalana, harita ngaraos sabil, iklas luas bibilasan, najan hirp tukang nyeri, nalangsa nadah sedih, saumur-umur mung bingung, tibatan maot di kota, mending dihakan dedemit, kebat Raden ti dinya parantos angkat.
161. Nyorang tempat begal tega, kabeneran nuju sepi, waktu liwat ka dinya, begalna eukeur baralik, mung kari bangke jalmi, sisi jalan mani numpuk, bauna kabina-bina, salamet nu manah sabil, Raden jongjon geus jauh ti tempat eta.
162. Mapay lebak nyorang jungkrang, mipir-mipir sisi pasir, mendak legok lega pisan, sisi gunung nu ngajegir, manggih sayuran resik, bubuahan lubak-libuk, lobak balatak di lebak, kacapiring sisi pasir, jeruk cikaman dawa jeung mandalika.
163. Kadu kadongdong jeung gedang, kaweni buah kacapi, manggu munggah ngarangkadak, tangkal puri tanah miring. Raden teh hemar-hemir, miring puncak asa paur, anu saha nu bogana, babahan di sisi bukit, manah nekad lajeng bae ngadeuheusan.
164. Lebet ka jero sayuran, Den Lalana alak-alik, ningalan anu bogana, bet taya jalma sahiji, taya geusan pasini, teras bae mipit jeruk, dituang seger kacida, jagjag saperti sasari, tuluy bae bubuahan teh diranjah, aya sahiji kiara.
165. Gedena kaliwat saking, gorowong beulah tengahna, di sisina ge lalening, Den Lalana scug calik, handapeun kiara iuh, geus wareg nuang buahna, sarta aya batu hiji, herang lucir edena kabina-bina.
166. Den Lalana rada senang, teu aya manah karisi, emutannan lunta, rek di dinya bae cicing, betahna leat saking, snaajan teu aya