Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42
 
  1. Kebat mapay ka jalan nu rađa singkur, bras ka kampung anu suni, bus ka reuma upruk-aprak, manggih hiji aki aki, raden ka aki teh naros.
  2. Kebat mapay ka jalan nu rada singkur, bras ka kampung anu suni, bus ka reuma upruk-aprak, manggih hiji aki-aki, raden ka aki teh naros.
  3. Aeh aki ieu teh jalan ka gunung, aki-aki lumpat ngacir, teu ngajab Ka Den Sunu, anggur kalah jerat-jerit, ka anak incu ngagero.
  4. Aduh-aduh incu ieu aing tulung, aing dipegat ku jurig, ku anak buta ti gunung, Den Lalana kaget nguping, jeung manahna tampi raos.
  5. Anu anom nalangsa kaliwat langkung, duh paingan kieu teuing, ku ama dipikagiruk, matak gila aki-aki, na kasaha atuh naros.
  6. Ankat deui geus dongkap ka sisi gunung, kira-kira wanci Magrib, tapi Raden angkat laju, lumebet ka leuweung suni, rumpa-rampa anu anom.

Pupuh Sinom

  1. Leuweung ganggong rembet pisan, bangun enggonna dedemit, Ling haraung oray kuda, badak maung nu kakuping, manahna Raden ketir nangis cipanonna ngucur, nete akar ngeumbing jangkar, poek medem bula rajin, pangganggona tikakarait mung rangsak.
  2. Nyemblak imut ka ibuna, duh ibu jisim abdi, geus aya di lengah alas, mugi salamet nya diri, sinareng beuteung peurih, ngalinggit kurubuk, taya cai-cai acan, duh tobat kumaha teuing, Den lalalana taya tangan pangawasa.
  3. Nalangsa kabina-bina, nangkod dina dahan kai, katiisan kaibunan, sangsara siang jeung wengi, tuanna pucuk kai, atanapi nguah sentul, naon bae nu kapendak, bongborosna nu laleutik, Raden Putra di alas katalangsara.