Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41
 
  1. Walon Raden mangga atuh kaulanun, Cendala nampanan duit, bari ngomong ieu alus, tah ieu mere tampiling, pibekeun sia kojor.
  2. Den Lalana ditampiling geblung nyuuh, ku ki Cendala diirik, aya hiji jalam muru, pangsiunan palajurit, ka Cendala tuluy naros.
  3. Bagaimana kamu suka orang mukul, apa kamu gila hati, apa dosanya dipukul, hayo lekas jawab lagi, Cendala mungkin olohok.
  4. Ngomong gugup kuring mah teu boga udud, sumawona kayu api, ngawalonna bari binggung, kana malayu teu ngarti, marukanna menta roko.
  5. Ki Cendala molotot bari rek numbuk, make nyarekan ka aing, sia sia oge, anu burung, naha burung, naha make murang-maring, sia oge jalma oblo.
  6. Naha şia nyarekan teu pugub-puguh, na teu nyabo adat aing, pangsiunan ngomong puguh, gelut mah paranti aing, ki Cendala momonjok.
  7. Seung dibuang peureupna Cendala rubub, hudang bari cungar-cengir, sirahna mani bancunur, ngingsreuk,bari jeba-jebi, tapi sigana teu kapok.
  8. Singkir deui karepna mah arck numbuk, dikelid jungkel jumpalit, bari nangtung rada lanjung,luak-lieuk alak-alik, tuluy lumpat purat-perot.
  9. Barang datang hareupeun Barahma sunu, ki Cendala ngomong nyendir, aduh ampun abdi labuh, tigurawil kana gawir, ieu larang ge jantowor.
  10. Siku gugus sirah ge mani bancunur, si Lalana lumpat ngacie, daek medu sanes wadul, kitu Cendala wawarti, eleh gelut kantun ngobral.
  11. Kacaturkeun ayeuna teh Raden Bagus, Jaya Lalana Raspati, ti alun-alun geus mungkur, badarat angkatna runtik, hanteu puguh nu di boro.