Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40
 
126. Geus tinangtu aya patih jin nu bijil, tah eta anu ngajaga, wakil ibu anu pasti, tah ieu geora tampanan.
127. Lajang nyembah Den Lalana hormat tadim, nampi jimat tea, sareng dipasihan duit, keur bekel engke di jalan.
128. Ieu Agan duit tilu ratus ringgit, keur bekel dí jalan, ke Den Lalana ditampi, bari nyembah Raden angkat.
129. Lajeng mios ngantunkeun ibu nu nangis, murubut cisoca, wantu masih murangkalih, diajar titah lalana.
130. Tibelatna geus lain caturkeun deui, harita geus dongkap, lebah alun-alun panggih, sareng Den Brahma Cendala.
131. Den Brahmana panakawan ngalahir, tenjo si Lalana, sakeundeung deui lastari, ditundung ku kangjeng rama.
132. Mun ka leuweung tangtu dibakan dedemit, di kota kalapanran, ceuk Cendala mawa duit, diberean ku ibuna.
133. Seueur pisan bekel keur lunta ti nagri, malum anu nyaah, wantu anu dipiasih, goreng rupa alus bagja.
134. Den Barahma nyentak nyengor semu pusing, mun kitu percumah, tangtu gagal moal mati, pek pagat rebut duitna.


Pupuh Magatru

135. Lamun beunang ku maneh duitna untung, ki Cendala atoh teuing, lumpat tarik buru-buru, geus ngujubkeun loba duit, lumpatna teh puratperol.
136. Barang dongkap ka palebab, alun-alun, Cendala ngagero tarik, he Latana maneh tunggu, dago handapeun caringin lajeng liren Raden Anom.
137. Ki Cendala runghap-renghap ngomong seru, kadieukeun eta duit, mun teu mikeun ke ditumbuk, ku aing rek ditampiling, sia kojor, ngomongna bari molorot.