Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
39
 
113. Sang ratu ngadangu mesum, ka patih lajeng ngalabir, teyangan bae ayeuna bawa, sing nengan manuk Nori,di tempoan genep bulan, kudu bukti manuk deui.
114. Mun heunteu panggih dihukum, hayoh maneh geura indit, ku raden patih dicandak, Den Lalana nu keur nangis, di bumina diwurunkan, duh Agan ua mepeling.
115. Raden kedah buru buru, ulah aya di negeri, ua lain hanteu nyaah, wantu adat rama bengis, den Lalana nyembah hormat, kumambang cisoca mili.


Pupuh kumandang

116. Den Lalana pamit di payuneun patih, lajeng kebat angkat, lalewang pikir ngalingling, liliwung raosna lewang.
117. Kakocapkeun harita parantos sumping, ngadeuheus ka ibuna, barang ret ge katingali, diboro diceungceungrikan.
118. Aduh ampun leu nyana papangih deui, panyana geus wapat, ku rama dihukum mati, kulantaran hoga dosa.
119. Ibu putra sami nalangsa nangis, ngemutkeun tutulisan, saumur nandangan berangati, raden ka ibu unjukan.
120. Kaulanun ibu ayeuna sim abdi, diutus ka ama, kedah nyusul manuk Nori, ku abdi kedah kacandak.
121. Abdi pamit mugia ibu leh widi, sareng neda dihampura.
122. Tilas ibu kahesean ku sim abdi, mugi jembar manah, ngahapunten lahir hatin, teu kabujeng mulang tamba.
123. Ibu raden ngusapan dibarung nangis, nyaur dumareuda, aduh agan buah ati, ingsaaloh rido pisan.
124. Didoakeun ku ibu sing mulus diri, bral geura angkat, jeung ieu ibu maparin, sabiji ali wasiat.
125. Kasiatna mun jaga baringsukpagi, manggih kakeueungan, pek susutkeun ieu ali, kana duanna.