Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38
 
102. Barang jol lajeng ngadawuh, garwa engkang anu geulis, engkang bade neda suka, sinarangan neda widi, anak urang Den Lalana, campelak kaliwat saking.
103. Kawas lain terah ratu, tetesan papayung nagri, ka kolot ngapeskeun pisan, komo dibaring supagi, kawas anak beunang muja, ayeuna arek dipeuncit.
104. Putri Wulansari gugup, barang nguping saur saur gusti, geblug niba kapiuhan, reh putra bade dipeuncit, mangkangan hiji-hijina, rnanah ngangres sedih kingkin.
105. Ratu harita geus rnungkur, ngantunkeun ka prameswari, nyandak pedang nu dilugas, Den Lalana nu keur nangis, geus dijambak mastakana, kabujeng dongkap den patih.
106. Dicepang panangan ratu, bari nyaur semu ajrih, aduh gusti abdi tobat, sanes bade nyararn namsir, mung engke heula sing sabar, kapan gusti teh Bopati.
107. Kaceluk ratu pinunjul, koncara adil linuwih, naha ayeuna bet nista, bade meuncit murangkalih, isin temen ku sadaya, mangga gusti geura galih.
108. Gampil kajurung ku napsu, korno ieu putra gusti, najan awon puguh putra, pilari hukum nu adil, ulah waka samagaha, nyanggakeun bebendon gusti.
109. Saur ratu anu bendu, bari ngeleret ka patih, bongan nista si Lalana, ngaleupaskeun manuk Nori, sabab geus dibere beja, mun leupas bakal dipeuncit.
110. Patih nyembah bari nyaur, duh gusti junjungan abdi, umpami kitu mahiwal, sanes kedah hukum pati, kedahna mah katempuhan, sina milarian Nori.
111. Pami teu digentoa hukum, tetap putra dipateni, abdi-abadi sadayana, tinangtos ngaraos risi, cenah wungkul kasal ahan, pilakadar manuk hiji.
112. Nepi ka tega ka umur, katurug putra pituin, komo meu reun ka rakyat mah, tab kitu mugi kagalih, namung jisim abdi tohat, sanes bade mapadani.