Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
37
 
091. Pileuleuyan nyawa ingsun, meureun teu betah di kuring, he manuk maneh hianat, mitenah ke awak aing, geus moal meung hampura, pinasti diri dipeuncit.
092. Den Barahman barang jebul, bade nyandak manuk Nori, barang sidik hanteu aya, tuluy nangis jerit-jerit, ka Lalana jeung nyarekan, lumpat nguninga ka gusti.
093. Barang dongkap pok miunjuk, aduh ama manuk Nori, dileupaskeun ku Lalana, pedah ka abdi teh sirik, manehna teu dipiasih, goreng rupi sulit ati.
094. Eukeur ratu rada giruk, katambih nampa istrori, ti putra nu dipipinta, ngangsonan nu lain lain, wekasan mah luas iklas, he cendala maneh indit.
095. Lalana ka dieu gusur, tuman kurang ajar teuing, ki Cendala tuluy lumpat, teu talangke nu kuer nangis, Den Lalana teh ditongkat, digusur kalangkung tarik.
096. Raden Lalana cumeluk, nangis bari jerit-jeritan, duh ampun teuing Cendala, ulah kieu-kieu teuing, sot lesotkeun arek leumpang, ulah digusur nyeri.
097. Ceuk Cendala tong nyampeluk, modar oge kajeun teuing, aing mah utusan raja, gancangan bae geus nepi, ku ramana dipariksa, Den Lalana bari nangis.
098. Cengkat bari tuluy diuk, awakna pinuh ku getih, tilas digusur Cendala, panganggena mani busik, duh ama abdi hampura, naon dosa awak abdi.
099. Den Barahma nempas nyeur, ngawonkeun dibarung nangis, sia buta kurang ajar, dileupaskeun manuk aing, moal saha nu dosana, api-api mah ka ceurik.
100. Dimana nu maling ngaku, sia jalma sulit ati, hanteu beda kana rupa, sirik pedah teu diasih, buta hejo buta rata, buta wereng buta tuli.
101. Ramana kalungkung bendu, abong geus kersaning gusti, hanteu panjang dimanahan, los .Jumebet kena puri, teras nepangan meswara, ibu Lalana nu rintih.