Ieu kaca geus divalidasi
36
| 080. | Kocap dina waktu. Dan Lalana nyampuer deui, geus pupuilah ka ibunda, yen anjeunna bade ulin nyampeur ka Raden Barahman, barang parantos kenging widi. |
| 081. | Geus dangdan laju lumaku, dumugi ka Srimanganti, paam prok reujeung Cendala, Den Brahma masih di bumi, keur ngomong jeung manuk tea, kameumeutna siang wengi. |
| 082. | Manuk Nori dina kurung, kurung emas cahya kuning, harang ningal Ka Lalana, kurung dipindahkeun deui, disumputkeun, ku Barahma, geus kitu teras ka humi. |
| 083. | Brahma bangun embung tepung, ngantun Den Lalana tadi, kalah lebet ka bumina, kacaturkeun manuk Nori, barang ningal Den Lalana, uluk salam bari seuri. |
| 084. | Haturan teuing Den Bagus, naha mana lami teuing, a yeuna nembe pateupang, hanteu panasaran ati, bet geuning kitu rupana, nampa cocobi ti kami. |
| 085. | Anjeun teh terahing ratu, tedaking andanawari, naha geuning kitu rupa, kapan ihu tedaking jin, nepi ka mana ajalna, hayang nyaho awak kami. |
| 086. | Awak maneh teh badegul, kulit hideung mani lucir, semu hejo watak ngewa, buuk beureum semu galing, jeung bolotot gede mata, biwir kandel serta jeding. |
| 087. | Hantu segede nya tihul, hideung seperti damangsi, mun sato upama hayam, teu beda kawas camani, putra puputon cempala, heuheuy deuh ku alus teuing. |
| 088. | Ayeuna kami geus maphum, sidik ka rupa silaing, enggeus heunteu panasaran, pileuleuyan arek indit, saenggeus ngomong namuk musna, ilang leungit tampa lehih. |
| 089. | Nganjenti mung kantun kurung, keur ngagantung guwang-gawing, manuk nori heunteu aya, Den Lalana tuluy nangis, emut kasaur ramana, mun leupas tangtu dipeuncit. |
| 090. | Kaniaya teuing manuk, naha maneh make leungit, tangtu urang katempuhan, ku kangjeng rama dipeuncit, duh ibu abdi cilaka, wande nandang balai. |